Rupina waktos simkuring sasarengan damel sareng urang Filipina di kapal Pesiar NCL <Norwegian Cruise Line > aya rerencangan istri anu namina Neneng sareng pameget Jaro ngangken karuhuna ti Indonesia, upami maranehanana jalan2 ka Bandung saliwatan moal aya anu nyangka urang asing . Seueur kecap2 basa Tagalog anu mirip basa Sunda di antarana ,buuk, ilat - letah,alun - ombak,hayam-manuk,utut-hitut,salamat-salamet,naha para hulu balang Majapahit asal ti Karajaan Sunda anu teu baralik deui ka tatar sunda ? walohualam ,nyanggakeun
----- Original Message ---- From: Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, March 15, 2007 4:16:28 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Basa (bahasa) Palaung Emut kapungkur tahun 2004, pribados kantos ka New Zealand tempat bangsa Maori hirup. Upami ditingali tina dedegan sareng warna kulit, urang Maori teh siga pisan urang Sunda. Dina perkawis basa, aya kecap dina basa Maori anu masih kapiemut ku pribados nyaeta kecap "kumara" anu gaduh hartos hui boled (atanapi sweet potato dina basa NZ). Upami dina basa Sunda mah aya kecap anu ampir sami cara ngucapkeunnana sareng kecap kumara nyaeta kecap "komara" anu hartosna perbawa atanapi wibawa. Pun Asep hangjuang bodas <hangjuangbodas@ yahoo.com> wrote: Basa kamari ningali hasil "panalungtikan" Pa Inotji nu ngababandingkeun kecap-kecap basa Sunda jeung basa Maori, anjeunna kenging welasan kecap nu sarua atawa meh sarua, boh dina harti, oge dina cara ngalafalkeunana. Kitu oge basa Sunda jeung basa Dayak, rea nu sarua. Komo bas Sunda disandingkeun jeung basa Bali mah, tambah rea deui nu sarua kecap-kecapna teh. Ceuk hiji teori, bahasa Austronesia, nu jadi cikal bakal bahasa di nusantara jeung sabudeureunana, baheula sebaranna ti kawit Madagaskar dugi ka kapuloan Pasifik. Matakna teu pati aneh mun seueur kecap-kecap nu meh sarua jeung bahasa urang sabrang. Baktos, pun hendra MSasmita <[EMAIL PROTECTED] net> wrote: Be a PS3 game guru. Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games. We won't tell. Get more on shows you hate to love (and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list. Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

