Seueur kang... seueur pembendaharaan kata anu benten.
contona:
Sukan= Olahraga
Sekejap= sakedap
Sudu= sendok
kereta= mobil
selipar= sendal
seluar= calana
seronok= rame
senang= gampang/ mudah
belanja= nraktir
beli belah= balanja/ shopping
jeung rea- rea deui...
trus kadang2 struktur bahasa oge benten,,, janten rada lieur,,, abdi tos 1,5
taun didieu,,, masih keneh lieur nyarios bahasa melayu... seueur keneh anu
teu acan kahartos. Tambih di sakolaan mah nganggo Bahasa Inggris,,, janten
jarang pisan nganggo bahasa melayu,,,

Eh, asana mah aya Aki Tatang sareng Mang Hasan oge Kang Malky anu tos
langkung lami di Malaysia,,, bilih bade nambihan??? jigana mah anjeunna mah
tos faseh bahasa melayu...

Cag ah

-Bohay-



On 19/03/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Kahatur kang Bohay,

Badé tumaros, upami perbendaharaan kata di Malaysia, seueur anu mirip
henteu sareng kecap-kecap di basa Sunda?

Upami henteu lepat, sataun atanapi 2 taun kapengker dina salah sawios
billboard di KL atanapi di pulai Penang (hilap deui) aya kecap sukan dina
tulisan "pekan sukan ….." naon tah hartosna sukan di dieu? Naha sami
hartosna sareng sukan-sukan dina basa Sunda?

Teras deui aya kecap Malayu "sekejap" anu hartosna bénten tina kecap
"sekejap" dina basa Endonesia tapi langkung caket hartosna kana "sakedap"
dina basa Sunda. Leres henteu, nya?

Tah kumaha, naha aya kecap-kecap bahasa Malaysia sanésna anu ampir sami
hartosna sareng kecap-kecap basa Sunda?

Hatur nuhun sateuacanna kanggo wartana.

Pun Asép

------------------------------
Bored stiff? <http://us.rd.yahoo.com/evt=49935/*http://games.yahoo.com>Loosen 
up...
Download and play hundreds of games for 
free<http://us.rd.yahoo.com/evt=49935/*http://games.yahoo.com>on Yahoo! Games.

Kirim email ke