--- In [email protected], aang kurniawan > Akhirnya pak Azis > menekuni ibadah secara mendalam > "Seperti musafir atau walisongo, saya mendatangi masjid-masjid di > malam hari.. Semua masjid besar dan beberapa masjid di pelosok > Bandung ini, > sudah pernah saya inapi." Setahun lebih cara tersebut ia jalani, > sampai > kemudian akhirnya saya bisa tidur normal, bisa menikmati pekerjaan > dan keseharian seperti sediakala.
Ooh .... ieu mah kalebet Jamaah Tablig panginten nya? kuring oge loba kawawuhan nu lebet jamaah ieu, sok kukurilingan marondok di Masjid-masjid. Malah di Masjid di kompleks perumahan kuring oge, sok loba nu mondok. Timana-mana, kadang-kadang ti luar Negeri. Ku tatangga kuring nu oge anggota jamaah ieu, sok dibawa "silahturahmi" ka imah-imah di kompleks. Nu kungsi nganjang ka imah kuring ge: urang Arab Saudi, urang Srilangka, urang Thai kidul, Malaysia, SIngapura, Philipina jeung urang Indonesia ti luar daerah Bandung. Silaturahmina, biasa we dakwah saeutik .... Kabeneran deuih, urut boss pamajikan kuring oge asup jamaah ieu. Kungsi kukurilingan di Masjid2 tepi ka India!. Ngan cilaka da manehna teh PNS, atuh loba nu ngomongkeun da teu ngantor-ngantor bulan-bulan. Cenah ...ceuk anak buahna teh, abong bos mani sangeunahna kitu! "Ih ...eta mah kayakinan, kudu dikumahakeun atuh??", ceuk kuring teh. Baktos, WALUYA

