Kang Dudi, mani nyindiran abdi pisan... jadi isin. Salam, DD
--- In [email protected], dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Presiden lain sarjana ge ceuk kuring mah teu nanaon. Nu penting mah kudu nyarjana. > Alus lamun sarjana mah, tapi sarjana anu pituin. Nyaeta sarjana anu nyarjana tea. > > Jaman kiwari mah rea jalma anu titelna we rembel. Mun ditulis direntetkeun eta titelna teh meh sajajareun buku tulis, tapi moralna caretek, deet pisan > Keur maranehna anu karitu mah jargonna teh " Tingkatkan mutu SDM " cenah. > Tapi cindekna mah singketan SDM na teh bet tina "Selamatkan Diri Manehna". > > Jalanna keur "nyalametkeun " dirina sorangan atawa golongan teh nyaeta ku cara makmak mekmek , korupsi, nyalahgunakeun wewenang, meres batur, kuduna melayani batur malah ieu mah maksa hayang dilayani. Pokona mah kumaha wae jalanna sangkan dirina bisa senang jeung "salamet" kajeun batur mah rek utah uger oge, kekelepekan kawas hayam ku tetelo ge. Teu paduli. > Beas mahal sakumaha mahalna ge teu paduli, nu penting manehna masih keneh dahar beas Cianjur.Jalan macet sakumaha macetna ge nu antukna penggunaan BBM boros sakumaha borosna ge teu paduli oge. Nu penting manehna mah naek mobil make kawalan pulisi bari teu ngarasakeun kumaha batur anu kamacetan kulantaran disingrang singraykeun rombongan mobil manehna. > Teu paduli kareta api tiguling unggal poe oge, nu penting manehna mah tong hayang make kareta. kitu oge kapal titeuleum . Imah rahayat kabanjiran . Teu ,teu paduli. Coba we pan aya komentar pajabat , anu kuduna nguruskeun anu kabanjiran , ieu mah malah nyarita. " Rayat Jakarta kabanjiran ge teu jadi masalah, buktina?. Tuh tingali cenah dina TV sakur nu kabanjiran masih keneh bisa seuri" , kitu pan ? . > Ah lieur nu matak ge. > Sigana mah teu kudu aya pamarentahan/presiden sugan ?. > > NB: > Kang MJ, punten rada sesah nedunan jangji sim kuring tea. Asana nulisna kedah timana heula. nya?. Can aya ingspirasi. Sareng kamari ieu mah sim kuringna sibuk pisan " ternak teri" di rorompok teh. Ayeuna ieu uteuk asa merengkel wae. Hese mikir. Ma'lum uteuk geus lawas umurna. > Jangjina diralat nya?. Iraha wae lah mun salse jeung aya gadag. He..he..he. Punten ah kang. > > mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > baheula mah cenah pikeun ngajegal mega nu teu sarjana. > > tapi da kumaha gening... > > presiden ayeuna teh doktor widang pertanian, ASLI, ti Institut Pertanian > Bogor. lain honoris causa. > > tapi teu ngaruh kana urusan pare gabah beas kezzo. angger we kitu. harga > beas naek, impor, beres. panen gagal, impor, beres. saha we presidenna, > urusananana angger we soal eta. heuheu. > > ------- > Cenah, aya RUU nu nyaratkeun yen Presiden Republik Indonsia, syaratna > kudu S1 (Sarjana). Beu ..... teu lieur kitu ieu syarat teh? Ayeuna oge > Presiden Indonesia teh boga gelar Doctor, aya kitu kamajuan? kitu- kitu > keneh. > > Ieu mah ngajejeleh kamampuan jalma. Padahal loba jalma nu sukses, > pinter bari teu boga izasah. Pa Ayip Rosyidi salah sahiji contona, > izasah SMA wae teu gaduh. Tapi geuning anjeunna kamampuanana > ngaleuwihan nu boga izasah formal. Eta dina widang pangaweruh, komo > deui dina widang politik, nu kuduna mah leuwih muka keur saha wae. > > Eh .... tapi aya nu surak, da merema, tukang nyieun izasah palsu! > > Baktos, > WALUYA > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > > > > --------------------------------- > Don't get soaked. Take a quick peek at the forecast > with theYahoo! Search weather shortcut. >

