Assalammu'alaikum Wr.Wb, Aya pesen ti Neng Novi kangge baraya sadayana anu di lembur oge anu di Warung Leboy, Insya Allah Neng Novi tos mendak jodona,
Upami tiasa sareng aya waktosna diantosan kasumpingannana dina : Acara : Pernikahan Neng Novi sareng Bambang Herlambang Dinten / kaping : Kemis, 22 Maret 2007, tabuh 08:00 dugi ka rengse ( upami teu lepat ) Tempat : Aula Sukalila, Kp. Cisalak Saurna caket ti Keresek mah... malih raina anu ngajar di SMA kantos janten guru Honorer di SMP. kenal saurna sareng kang Deni. Diantos pisan kasumpingannana ku Neng Novi sareng kang Herlambang. Neda Hapunten anu ageung ti para sesepuh sareng baraya sadayana saurna teu ngintun uleuman, mung ku kasibukanna janten teu sempet ngintun serat uleumannana.. ( tadina bade dikirimkeun ka abdiw, mung malah nambru cenah.. dugi ayeuna oge teu acan leres sehat, duka sigana ngantosan disuntik nembe cenghar.. ) Wassalam,

