Sakumaha anu dipedar dina eta artikel, dina sapanjang sajarahna, urang Sunda
mikawanoh sababaraha model aksara: Pallawa, Sunda-kaganga, Cacarakan, Arab,
jeung Laten. Perkawis nu asli vs teu aslina mah, duka teh teuing da sigana
mah urang Sunda can kungsi nyieun aksara sorangan/mandiri. Ngan, ceuk cenah,
kungsi maca dina panganteur buku aksara Sunda-kaganga, anu panglilana dipake
teh aksara kaganga. Aksara model kaganga ieu sarupa jeung nu dipake ku
sababaraha bangsa di Asia Tenggara.

On 3/20/07, Satria Pinandita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Kang pami aksara sunda nu dina wikipedia di etang teh seueurna aya 25
teu acan ka leubeut anu vokal, pami di bandingkeun sareng nu ka pendak ku
abdi mah
pami teu leupat aya 18, nya eta anu ha na ca ra ka  jeung sajabana....
tapi ninggal kadinya saleresna nu leres nu mana, sareng salerena jenis
aksara sunda teh
aya sabahara rupi....??

Kirim email ke