"waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> Sent by: [email protected] 03/20/2007 09:46 AM Please respond to [email protected]
To [email protected] cc Subject Re: [Urang Sunda] "Lusi" bakal saat? Ari macaan wartos "Lusi" dina koran, asa katingali aya dua pamandegan. Pamandegan kahiji ti ahli Geologi, nu nyebatkeun ieu teh phenomena gunung leutak, jadi penomena alam nu teu bisa dieureunkeun. Beda deui ti ahli perminyakan, pengpek we ku ku leutak nu leuwih beurat, siga ku barite. Hanjakal sumur relief nu rek dijieun keur digunakeun ngainjeksi barite, teu jadi dijieun, da cenah lokasina jadi kakeueum ku leutak. "Kunaon atuh lokasi pikeun nyieun relief well eta bet bisa kakeueum...?!Ah...jigana mah lantaran rea teuing adu argumen tibatan tindakan nu real. Sainget kuring, madungdeungkeun ngeunaan kumaha carana miceun eta leutak we, nu salah sahiji alternatifna dikocorkeun ka walungan, harita pro kontra na teu eureun-eureun. Akses (atawa jalan) ngangkutan material pikeun nyieun relief well diblokade ku rahayat. Rahayat jeung pamarentah oge tim nas, teu sauyunan. Hese aya kata mufakatna. Nu antukna sabot rea adu argumen, leutak kaburu ngeueum lokasi pikeun nyieun relief well. Mun geus kieu saha nu salah...?!"

