Sumuhun kabayang meni matak uruy eta cereme teh.
Perkawis gunung bitu, tos takdir kapulauan Endonesia aya dina beubeur seuneu
(fire ring) dimana sacara berkala kabagian tekanan ageung tina eusi bumi
magma). Mudah-mudahan eta tekanan enggal ngageser ka bagian beubeur sanesna.
Tapi upami tekanannana dugi ka ngakibatkeun bituna gunung, mudah-mudahan
Indonesia National Emergency Warning System (NEWS) enggal tiasa operasional
supados masyarakatna tiasa siap-siap mayunan kaayaan darurat sareng mugia lahar
anu kaluar ti gunung tiasa ngahasilkeun hikmah kasuburan.
Endonesia (kapuloan Sunda Besar sareng kapuloan Sunda Kecil) oge ditakdirkeun
aya dina sisi lempeng asia anu tabrakan sareng lempeng India-Australia anu
ngadesek ka kaler. Di kalereun India, tubrukan dua lempeng benua ieu
ngahasilkeun pagunungan himalaya anu luhur pisan. Mudah-mudahan tubrukan kadua
lempeng benua di sisi Indonesia ulah dugi nilemkeun pulo-pulo Sumatera, Jawa,
sareng nu sanesna. Wallahu alam. Mudah-mudahan Allah SWT nangtayungan urang
sadaya.
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres Kang Asep sapertos bodas tapi sanes
. koneng koleas panginten nyaaa...
Cigana Ceremé teh masih keneh wargi sabrayna balingbing wuluh da ampir sarupi
tangkalna ge, dedeganana depek ampir buleud, sisina ngawangun satengah
buleudan, kinten-kinten aya 6-8 sisi.
Ssslruuurpppp
siang-siang kieu, ni ngaruy maos buah cereme teh, komo pami
dipetis, samarana nganggo cengek nu meujeuhna tumuké, uyah, gula beureum asli
Wado, tarasian weh sakedik, tong he love kurupuxna
hhmmmm
Eh, naha tina gunung bitu los-los kana rujax?!...heheh...
Duh, Gusti...tong ditambihan wae atuh katunggaraan rayat Indonesia teh...sing
hawatos...
Mugia urang sadayana ditangtayungan ku Allah SWT. Amin.
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 03/21/07 12:32PM >>>
waktos sim kuring di SD, aya guru nyebat nami gunung di Cirebon teh gunung
Ceremé. Pun biang oge nyebat eta gunung teh Ceremé. Ceremé teh nami hiji buah
anu haseum pisan sareng warnana koneng pucet (sapertos bodas). Duka tah leres
henteu na mah soal nami éta gunung teh; urang Cirebon anu langkung terang mah.
Pun Asep
---------------------------------
It's here! Your new message!
Get new email alerts with the free Yahoo! Toolbar.