Kang Agam,
  Upami ningali tina menuna sareng pangaosna sigana budget parusahaan kangge 3 
kali neda wae  ( enjing, siang sareng sonten) tiasa lebet. Sanaos nyandak menu 
anu pangawisna oge.Malih seueur keneh langkungna
  Terus terang wae  sim kuring mah ku macana menu katering na oge mani matak 
uruy.
   
  Sim kuring mah yakin ,  70-80 urang anak buah sim kuring moal nolak upami 
dipasihan menu catering kang Agam mah . Malah bakal narambih.
  Namung hanjakalna teh  sigana ongkos kanggo ngirimna ageung teuing. Sareng 
menu kangge neda siang ayeuna , nembe tiasa kateda 2 dinten deui.
   
  Sim kuring mah ayeuna di dieu, keur neda ayeuna teh istuning kudu diwewel 
wewel  saking ku barosen jeung teu aya selerana.Barosen sareng teu pas we 
masakanna teh kana letah sim kuring na.
  Kabita na mah kabita kang Gam. Namung nyaeta tebih tea , akang  pasti hese 
kumaha ngintunna.
  Tapi upami  tiasa mah , sok wae ku sim kuring urang tawiskeun ka anak buah 
menu na. 
  Wantun teu akang ngintun kangge neda siang sim kuring sadaya ka Sudan?.
  Tuh pan , moal tiasa.
  Tapi  leres pisan mani kabita pisan sim kuring mah, matak uruy kang.
  Komo ayeuna tos waktosna neda siang.
  Lah kumaha atuhnya?. 
   
   
  Nuhun kang
   
  Wassalam
    

Agam Rukmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Wilujeung Wayah Kieu,

Haturan baraya sadaya. Bilih aya anu peryogi ku Katering kange tuang
siang sadidinteun, nasi kotak atanapi Tumpeng tiasa ngahubungi
simkuring/pu bojo. Mangga ninggal ditel na di:

http://sugemarasa.blogspot.com

Insya Alloh Pedo lah.

Baktos pribados,

Agam Rukmana
HP. 0813 8526 8871
Sugemarasa catering Service
Jl.H.Aom Gandaria I No.45 Kebayoran Baru
Jakarta Selatan



         

 
---------------------------------
TV dinner still cooling?
Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.

Kirim email ke