Bug
Bug... mun ceuk basa inggrisna tapi ari basa indonesia teh ngandung harti
hiji sasatoan serangga atawa kutu. Tapi ceuk urang IT mah, husuna para
Programmer, bug teh ngandung harti nu beda jasa. Komo mun para programmer keur
nyieun hiji aplikasi make parangkat lunak (sofware) tuluy eta di test sok aya
error nu di aranan bug tuluy weh si programmer so ngadebug meh kanyahoan belah
mana salah na.
Tapi ari bug ceuk programmer dina nyieun aplikasi make parangkat lunak teh
eta dingarananan seni, sabab mun euweuh bug, program eta ni dijieun ku si
programmer moal aya parobahan nya ceuk basa keren na mah moal aya develop .
Tapi ari bug mah lolobana dinu parangkat lunak doang dibandingkeun dinu
parangkat mesin atawa komputer.
Ayeuna timana cenah naha jol-jol anjeun datang deui eh salah eta mah laguna
Nining media, jol na datang na bug teh dimimitian . Amerika Serika salahsahiji
nagara adikuasa, dibantuan ku si Howard . Aiken hiji tukang insinyur ti Harvard
nu gawe na di IBM nyieun hiji kalkulator, dina mangsa eta can aya komputer
sabab ieu kalkulator teh cikal bakalna komputer kiwari,nu di ngaranan
kalkulator elektronik keur US NAVY.
Gambaran saeutik eta kalkulator teh aya saukuran satengah lapangan sepak bola
jeung kabel nu pakuranteng di jerona mun urang sambung-sambung atawa
panjangkeun aya kanu 500 mil jauh na. Tah laju weh eta kalkulator teh di
ngaranan The Harvard-IBM Automatic Sequence Controlled Calculator atawa Mark
1, jeung deui ieu kalkulator teh make sinyal elektromagnetik (deuh palajaran
fisika euy ..).
Laju weh tahun 1945 dikembangkeun deui si kalkulator teh ku si Grace Murray
Hopper nu gawe di Universitas Harvard, jeung dingaranan Mark II Aiken Relay
Calculator atawa hiji komputer primitif .
Tanggal 9 September 1945, si komputer Mark II dijalankeun di ruangan nu eweuh
AC an, dina hiji mangsa pas mesin na jalan aya hiji masalah ngeunaan eta mesin
teh, jug-jug weh mesin teh teu daek jalan. Tuluy weh ditalungtik eta masalah
teh, naha geuning aya kutu/laleur nu nempel ka eta mesin di titik relay#7 di
panel F.
Tukang operatorna laju weh mindahkeun eta kutu/laleur jeung disimpeun dinu
buku (kabiasaan urang luar sok tarapti) log laju weh di tulis First actual
case of bug being found. Di dinya dimimitain ngaran sabenerna bug komputer nu
munggaran, salajuna si Grace jeung babaturanna lamun ngalakukeun ropea ka MARK
II, manehna nyebutna debugging.
Tapi mun dinu widang komputer teh istilah bug nu kahot teh ngeunaan Y2K tea,
dimana loba hubunganna jeung si programmer di tahun 1980-an, nu nyieun format
angka tahun dina 2 angka, pan mun tahun 2000 format angka nu dua eta bakal
dibaca jadi 1900.
Tapi ari bug teh sabenerna di mimitian basa tahun 1896 waktu jamanna Thomas
Alfa Edison, sabab si TAE teh sok nyenyebut bug atawa debugging keur ga
dekskripsikeun kasalahan sistem mekanis keur panalungtikanna.
Bug oge sok dipake mun aya masalah dinu widang telekomunikasi,
aya deui versi nu lian ceuk si Shaksakpere sok nyebut So, lie thout there. Die
though; and die our fear; For Warwick was a bug that fear'd us all."
Cag ach
Pun Yayan http://geocities.com/jajaka_subang
(nuju diajar nyerat)
Elmu teh
Moal kacipta ku pujangga
Moal kagambar ku tukang ngarang
Moal katepi ku tukang mikir
Moal kacatur ku juru pantun
---------------------------------
What kind of emailer are you? Find out today - get a free analysis of your
email personality. Take the quiz at the Yahoo! Mail Championship.