Saleresna mah, sok aya riungan-riungan anu disebut Kopdar.
aya Kopdar anu rutin, aya oge Kopdar dadakan. Mun bade aya riungan
sok diwawarkeun di milis. 

Kopdar Rutin sok diayakeun keur ngabahas pasualan-pasualan nu aya
pakuat-pakaitna jeung Kukusnetan. Ari Kopdar dadakan mah, biasana
Kopdar nu diayakeun ku baraya-baraya anu nembe sumping ti luar 
Nagreg, hoyong pendak. Biasana mah pendakna di restoran atawa 
ditempat umum.

Mangga, nu teu acan wanoh, nu hoyong diaku, tong asa-asa ngiringan. 
Tapi sakapeung sok aya anu alesan,"Ah..asin, eh isin da teu aya nu 
kenal.." Padahal mah ku riungan teh matak jadi pada-pada kenal, da 
pastina oge moal disaha-saha. Estu dibageakeun pisan.

Balik deui kana tujuan ulubiung dina milis. Mun enya tea mah hayang
ngamumule basa jeung budaya sunda, teu aya lepatna mun aya kagiatan
teh ngiring aktif. Teu kudu dijujurung komo disuntrungkeun, tapi
kudu gaduh inisiatif nyalira.

Kuduna mah nya Kang,
Tong ngan saukur gagayaan marake kaos Kusnet anu aya tulisan 
"HALING KU AING", ari dina prakna silih dedetkeun ka batur.

Sanes kitu ?


-dul-
kompor : hurung



> --- In [email protected], dudi mulyadi <dudi_m2003@> 
> wrote:
> >
> > Pangalaman sim kuring dina ngahadiran HBH, di paguyuban mana 
wae, 
> dina jrengna rereana karasa teu keuna kana tujuan umum HBH eta 
> sorangan. Ceuk kuring tujuan HBH ieu intina  teu aya lain keur 
> ngangkeutkeun silaturahmi diantara anggota paguyuban eta. 
> >    
> >   Komo deui keur paguyuban Kusnet anu kaanggotaanna terbuka 
> melalui millis wungkul. Mun nengetan dina millis nu sok mairan 
jeung 
> ngajadikeun millis ieu rame jeung sariga nu geus papada 
> wanoh,sabenerna diramekeunna ngan saukur  ku sababaraha urang wae. 
> Mun diitung mah moal leuwih ti 20 atawa 30  urang . Sok geura sing 
> tenget. Nu sok  giat nulis teh ngan eta eta keneh wae. Nu sejen 
mah 
> ngan sasakali mairan. Mun teu Ndoel, Kahkeh, Reka, Wa Siddik, Roro 
> Rohmal, Ika Mardiah, Agus Pakusarakan,Kumincir, Mang MJ, Dudi 
> Herlianto, kang Deni, sakali kali Maman Gatra. Datang nu rada 
anyar 
> teh Lygia. Eta nu kainget. Kalikeun 5 weh. Ngan aya  kurang leuwih 
> 60 urang.
> >    
> >   Tina sakitu nu ku kuring disebut, anu geus papada wanoh jeung 
> geus kopi darat, nya ceuk kuring mah  nya ngan  eta eta keneh..
> >   Misalna keur kuring. Lebeng pisan, diantara anu disebut teh 
can 
> aya hiji oge anu pernah tepung bari sasalaman. Tah kawasna pikeun 
> anggota kusnet mah kaanggotaan samodel kuring teh mayoritas. Jadi 
> teu heran lamun sakali ngahajakeun ngilu ngumpul teh karasana asa 
> formal atawa ngarasa natamu pisan  pikeun anggota samodel kuring 
> mah, sabab biasana suasana dina HBH eta teu "kondusif" pikeun  
> ngajadikeun acara HBH eta jadi acara milik sorangan



Kirim email ke