Hanacaraka datasawala...
anakbuahna cilaka, bosna kababawa..

heu heu


-dul-

--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kajadianana ieu sapuluh taun katukang, caritana kuring boga imah, 
> meunang meuli ti dulur jauh pamajikan, nu keur butuh duit pisan. 
Dulur 
> pamajikan teh maksa imahna hayang dibeuli, da manehna boga hutang 
> gede. Nya ku pamajikan teh dibeuli, murah da imahna teh teu alus 
jeung 
> ayana di sisi sawah di Bandung kidul. Dasar milik, tilu taun ti 
> harita, di daerah dinya teh diwangun sakola, atuh jadi rame, imah 
> kuring dijadikeun tempat indekos mahasiswa nu sarakola didinya. 
> Luamayan keur nambah2 panghasilan.
> 
> Ngan nyaeta kulantaran kuring mah cicing di Bandung kaler, tempat 
> indekosan teh jadi jarang ditempoan, maklum kuring jeung pamajikan 
> pakepuk ku digawe. Barudak nu kost teh sering protes, listrik teu 
> hurung, telepon sering ngadat. Nu kitu mah masih bisa dibereskeun, 
eta 
> ari geus kapalingan, waduh hese ngakalanana, Nu leungit dipaling 
teh 
> ti mimiti sapatu tepi ka komputer.
> 
> Boga ide, rek mayar we urang dinya sina pangmereskeun hal-hal nu 
> karitu. Kabeneran aya nu daekeun, imahna teu jauh jeung imah nu 
dipake 
> kost-kosan. Pamajikanana kawawuhan pamajikan kuring. Teu jelas 
> pagaweanana mah, ngan kaciri jalmana mah segut digawe, daek diutuh-
> etah. Jadi weh manehna teh nu dipihapean tempat kost-kosan. 
> 
> Sanggeus dipihapekeun mah, barudak nu kos teh tara kapalingan. 
Kuring 
> jeung pamajikan jadi tenang, nu dipihapean teh geuning tanggung 
jawab 
> pisan. Nepi ka hiji waktu di bulan Puasa. Harita teh geus maleman 
> lilikuran, geus deukeut ka lebaran. Tengah peuting, telepon 
disada, 
> kuring bari lulungu ngangkat telepon :"Hallo???"
> 
> "Ini rumahnya Pak Waluya?", ceuk sora tiditu teh mani teugeug.
> 
> "Betul, dari siapa nih?", kuring ngajawab.
> 
> "Ini dengan Pak Waluya sendiri yah, Si X itu pekerja Pa Waluya, 
bukan?"
> 
> "Apa .... si X?", kuring balapbap-belebbep, nginget2 da rarasaan 
teu 
> teu boga pagawe, jeung ingetan teh ka kantor tempat digawe. 
Ngarasa 
> teu boga pagawe, kuring ngajawab: "Bukan ....ini dari siapa sih?"
> 
> "Kami dari Polsek Pak, masa bapak tidak kenal dengan si X dari B, 
> katanya pekerja bapak!"
> 
> Gebeg teh, pulisi geuning nu nelepon teh. Jadi ras inget kanu 
> dipihapean imah, heueuh meureun si eta, ngan teu ngarti make aya 
di 
> Polsek sagala jeung make ngaku pagawe kuring sagala, pira ge 
> dipihapean imah.
>  
> "Oh X, dia mah bukan pekerja sayah Pak, cuma dia yang dititipin 
rumah 
> saya yang di B. Lalu kenapa dia ada di Polsek?"
> 
> "Lha ...ngaku sajalah Pak, Si X pekerja bapak. Tahu enggak dia 
sudah 
> ketangkap lagi!"
> 
> "Apanya yang ngaku", ceuk kuring teh bari ngadak2 suku jadi 
> leuleus, "Emangnya kenapa si X?"
> 
> "Nyopet deui Pa!", cenah ceuk sora bah ditu teh make basa 
sunda, "Si X 
> rek nyopet nu mudik nu keur ngantri di stasion. kepergok, 
> ditareunggeulan. Langganan Si X mah, tukang copet di stasiun jeung 
> pasar Baru. Pekerja Bapak kan?"
> 
> Kuring beuki ngahuleng, suku karasa beuki ngaleuleusan, pikiran 
> langsung boa-boa kuring disangka bos copet yeuh. Gancangan dijawab 
> deui: "Pak, si X itu yang dipihapean imah sayah nu di B, 
kulantaran 
> imahna deukeut. Kalau dia tukang Copet, mana saya tahu?"
> 
> "Ya ...ya ...kami akan cek lagi, besok akan dihubungi!", cenah, 
bari 
> sorana tetep teugeug.
> 
> "Ya Pak, terimakasih", ceuk kuring teh, bari nutup telepon. Awak 
jadi 
> lungse, reuwas kareureuhnakeun. Pamajikan diguyah-guyah sina 
hudang, 
> bari digelendeng, naha nu dipihapean imah teh geuning tukang 
copet. 
> Jadi kababawa. Tepi ka saur kuring teu sare deui. Ingetan teh ka 
poe 
> isuk, meureun kuring bakal kadatangan pulisi make kijang buntung, 
> terus .... kuring ditaekkeun bari diborgol. Tatangga papada 
> narempokeun.
> 
> Pamajikan ngupahan, pedah dulurna pulisi nu pangkatna rada luhur:" 
> tenang-tenang Pah, aya Mang A, ke urang telepon"
> 
> "Montong", ceuk kuring teh, "Ke we lamun masalahna jadi gede, era 
> nelepon subuh keneh kieu"
> 
> Isukna, ditungguan teh pulisi teu embol-embol. Ka tempat kos-kosan 
oge 
> dicek. Enya we si X teh euweuh di imahna, ceuk pamajikanana mah 
keur 
> usaha cenah. Teu dibejakeun yen kuring peuting ditelp ti Polsek 
mah, 
> karunya, da meureun pamajikanana mah teu ngartieun. 
>   
> Waktu poe kadua lebaran, kuring jeung pamajikan ka tempat kos-
kosan, 
> terus ka imah si X, maksud teh rek ka pamajikanana mere bingkisan 
> lebaran. Kasampak teh si X aya, awakna pinuh ku plesteran, rada 
> barengep ...jeung buukna gundul. Manehna ngajak sasalaman bari 
ngeluk, 
> ku kuring diteuteup, sabenerna mah hayang ngomong: "Na ari sia, 
geus 
> jadi copet, mamawa aing deuih, ayeuna geus kaluar deui ti 
tahanan"    
> 
> Ngan teu pok da piraku di poe lebaran kudu ngawakwak mah. Ceuk 
dongeng 
> tatanggana mah si X teh kakara meunang nebus ti pulisi ..sa ehm, 
> cenah. Ditebus ku dulur-dulurna. Kulantaran sieun kababawa deui, 
imah 
> kos-kosan teu dipihapekeun deui ka Si X, alesanana mah moal 
> dipahapekeun deui, da rek dijual ...  
> 
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke