Nyobian nerjemahkeun ka basa Sunda aahh.. sugan we bener.. nyandak tina http://www.beritasore.com/content/view/15952/1
kembali ke.... laptop!! punten pami seueur lepatna.. haturan, ///iwan Diserat ku Redaksi 22 Maret 2007 tabuh 3 sonten Jakarta (Berita): Numutkeun Roy Suryo, pakar telematika, mangmeulikeun (bener teu?) leptop keur 550 anggota DPR mangrupakeun hiji hal nu teu aya mangpaatna pikeun ngaronjatkeun gawe DPR salaku wakil rahayat. Sabab, sakabeh anggota DPR geus ngabogaan pagawe nu husus digajih pikeun ngadukung pagawean maranehanana. "Staf DPR ieu geus boga komputer di rohangan gawena, naha make kudu meuli leptop? mubazir!" kitu cenah. Teras saurna, hal ieu teh siga nu diaya-aya, sarta nunjukkeun 'kamotekaran' BURT (Badan Urusan Rumah Tangga) DPR dina ngahambur-hamburkeun waragad nagara. Daripada meuli leptop, mending meuli komputer pikeun ningkatkeun gawe staf DPR, cenah. Harga leptop nu ngahontal 21 juta sasikina kaitung mahal lamun nempo spesipikasi barangna. Memang aya leptop nu tepi ka 25juta, tapi jinisna siga tablet nu bisa ditilepkeun. Makena cukup ku touch-screen, ditoelan langsung di layarna, tur dilengkepan ku paralatan nu araraheng. "Jang naon meuli leptop siga kitu" cenah. Sateuacanna, pingpinan MPR Hidayat Nurwahid oge ngritik DPR nu ngaaya-ayakeun fasilitas make alesan keur nigkatkeun gawe, kaasup meuli leptop, padahal mah gawena DPR ngan kitu-kitu keneh wae najan rek dibere itu-ieu oge. Ngayakeun leptop keur sakabeh anggota dewan nu waragadna tepi ka salikur juta mah kaleuleuwihi tur lain kaperluan anu penting. Numutkeun ajeunna, jauh ka bedug antawis ngayakeun leptop sareng ningkatkeun gawe DPR, "Jeung deui, can tangtu sakabeh anggota DPR bisaeun makena" cenah. (Ant) Pembelian Laptop DPR Tidak Ada Manfaatnya Written by Redaksi Mar 22, 2007 at 03:00 PM Jakarta, ( Berita ) : Pakar telematika, Roy Suryo mengatakan, pembelian laptop bagi 550 anggota DPR merupakan tindakan yang tidak ada manfaatnya dalam mendukung kinerja sebagai wakil rakyat. Sebab, semua anggota DPR itu sudah memiliki staf khusus yang setiap hari mendukung kegiatan para wakil rakyat itu, bahkan sfat itu digaji secara khusus, katanya di Jakarta, Kamis [22/03]. "Staf DPR ini sudah memiliki komputer di ruangannya. Lantas buat apa beli laptop. Ini kan jadi mubadzir," kata staf pengajar Universitas Gajah Mada ini. Ia mengatakan, pembelian alat itu terkesan mengada-ada dan menunjukkan "kreatifitas" Badan Urusan Rumah Tangga (BURT) DPR dalam menghambur-hamburkan dana. "Pembelian laptop bukan kebutuhan mendesak yang harus dipenuhi sekarang ini. Lebih baik, dananya dipakai untuk membeli komputer untuk lebih mendukung kinerja staf DPR," katanya. Roy menilai, harga laptop yang mencapai Rp21 juta per unit itu memang terlalu mahal kalau dilihat spesifikasi barang yang ada. Memang ada laptop yang harganya sampai Rp25 juta tapi bentuknya seperti tablet yang bisa dilipat-lipat. Peroperasiaan laptop ini cukup dengan menyentuh layar (touch screen), dan dilengkapi sejumlah peralatan canggih, katanya. "Buat apa beli laptop semacam ini," katanya. Sebelumnya, Ketua MPR, Hidayat Nurwahid juga mengkritik upaya DPR yang memperbanyak fasilitas dengan alasan untuk meningkatkan kinerja, termasuk pengadaan laptop, padahal kinerja DPR belum tentu bisa ditingkatkan dengan fasilitas seperti ini. Pengadaan laptop untuk seluruh anggota DPR yang setiap laptop senilai Rp21 juta merupakan keputusan yang berlebihan dan bukan fasilitas yang mendesak. Menurut dia, tidak ada korelasi antara pengadaan laptop dengan peningkatan kinerja. "Apalagi belum tentu semua anggota DPR bisa mengoperasikannya," katanya. ( ant )
wm5118_intermeso_s.gif
Description: GIF image

