Emh ... nyaeta Kang ari rejeki mah sumpingna timana
wae....disebat Boss..ngan hanjakal weh Boss Copet. teu
kinten2 eta si X ngangkon "padamel" kang Willy.....Ari
abdi mah kapungkur ti balik....berkunjung ka Kantor
Pertamina di tanjung...Kal- Sel...mawa nak buah hiji
Bule...barang rek asup ka ruangan tunggu kantor...ku
Pasmanin (Security ayeuna mah); " Bapak disini
saja..biar Bossnya yang masuk !". beu bangsa urang mah
tetp wae nganggap Bule teh hebat..luhur...jrrd.


--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kajadianana ieu sapuluh taun katukang, caritana
> kuring boga imah, 
> meunang meuli ti dulur jauh pamajikan, nu keur butuh
> duit pisan. Dulur 
> pamajikan teh maksa imahna hayang dibeuli, da
> manehna boga hutang 
> gede. Nya ku pamajikan teh dibeuli, murah da imahna
> teh teu alus jeung 
> ayana di sisi sawah di Bandung kidul. Dasar milik,
> tilu taun ti 
> harita, di daerah dinya teh diwangun sakola, atuh
> jadi rame, imah 
> kuring dijadikeun tempat indekos mahasiswa nu
> sarakola didinya. 
> Luamayan keur nambah2 panghasilan.
> 
> Ngan nyaeta kulantaran kuring mah cicing di Bandung
> kaler, tempat 
> indekosan teh jadi jarang ditempoan, maklum kuring
> jeung pamajikan 
> pakepuk ku digawe. Barudak nu kost teh sering
> protes, listrik teu 
> hurung, telepon sering ngadat. Nu kitu mah masih
> bisa dibereskeun, eta 
> ari geus kapalingan, waduh hese ngakalanana, Nu
> leungit dipaling teh 
> ti mimiti sapatu tepi ka komputer.
> 
> Boga ide, rek mayar we urang dinya sina
> pangmereskeun hal-hal nu 
> karitu. Kabeneran aya nu daekeun, imahna teu jauh
> jeung imah nu dipake 
> kost-kosan. Pamajikanana kawawuhan pamajikan kuring.
> Teu jelas 
> pagaweanana mah, ngan kaciri jalmana mah segut
> digawe, daek diutuh-
> etah. Jadi weh manehna teh nu dipihapean tempat
> kost-kosan. 
> 
> Sanggeus dipihapekeun mah, barudak nu kos teh tara
> kapalingan. Kuring 
> jeung pamajikan jadi tenang, nu dipihapean teh
> geuning tanggung jawab 
> pisan. Nepi ka hiji waktu di bulan Puasa. Harita teh
> geus maleman 
> lilikuran, geus deukeut ka lebaran. Tengah peuting,
> telepon disada, 
> kuring bari lulungu ngangkat telepon :"Hallo???"
> 
> "Ini rumahnya Pak Waluya?", ceuk sora tiditu teh
> mani teugeug.
> 
> "Betul, dari siapa nih?", kuring ngajawab.
> 
> "Ini dengan Pak Waluya sendiri yah, Si X itu pekerja
> Pa Waluya, bukan?"
> 
> "Apa .... si X?", kuring balapbap-belebbep, nginget2
> da rarasaan teu 
> teu boga pagawe, jeung ingetan teh ka kantor tempat
> digawe. Ngarasa 
> teu boga pagawe, kuring ngajawab: "Bukan ....ini
> dari siapa sih?"
> 
> "Kami dari Polsek Pak, masa bapak tidak kenal dengan
> si X dari B, 
> katanya pekerja bapak!"
> 
> Gebeg teh, pulisi geuning nu nelepon teh. Jadi ras
> inget kanu 
> dipihapean imah, heueuh meureun si eta, ngan teu
> ngarti make aya di 
> Polsek sagala jeung make ngaku pagawe kuring sagala,
> pira ge 
> dipihapean imah.
>  
> "Oh X, dia mah bukan pekerja sayah Pak, cuma dia
> yang dititipin rumah 
> saya yang di B. Lalu kenapa dia ada di Polsek?"
> 
> "Lha ...ngaku sajalah Pak, Si X pekerja bapak. Tahu
> enggak dia sudah 
> ketangkap lagi!"
> 
> "Apanya yang ngaku", ceuk kuring teh bari ngadak2
> suku jadi 
> leuleus, "Emangnya kenapa si X?"
> 
> "Nyopet deui Pa!", cenah ceuk sora bah ditu teh make
> basa sunda, "Si X 
> rek nyopet nu mudik nu keur ngantri di stasion.
> kepergok, 
> ditareunggeulan. Langganan Si X mah, tukang copet di
> stasiun jeung 
> pasar Baru. Pekerja Bapak kan?"
> 
> Kuring beuki ngahuleng, suku karasa beuki
> ngaleuleusan, pikiran 
> langsung boa-boa kuring disangka bos copet yeuh.
> Gancangan dijawab 
> deui: "Pak, si X itu yang dipihapean imah sayah nu
> di B, kulantaran 
> imahna deukeut. Kalau dia tukang Copet, mana saya
> tahu?"
> 
> "Ya ...ya ...kami akan cek lagi, besok akan
> dihubungi!", cenah, bari 
> sorana tetep teugeug.
> 
> "Ya Pak, terimakasih", ceuk kuring teh, bari nutup
> telepon. Awak jadi 
> lungse, reuwas kareureuhnakeun. Pamajikan
> diguyah-guyah sina hudang, 
> bari digelendeng, naha nu dipihapean imah teh
> geuning tukang copet. 
> Jadi kababawa. Tepi ka saur kuring teu sare deui.
> Ingetan teh ka poe 
> isuk, meureun kuring bakal kadatangan pulisi make
> kijang buntung, 
> terus .... kuring ditaekkeun bari diborgol. Tatangga
> papada 
> narempokeun.
> 
> Pamajikan ngupahan, pedah dulurna pulisi nu
> pangkatna rada luhur:" 
> tenang-tenang Pah, aya Mang A, ke urang telepon"
> 
> "Montong", ceuk kuring teh, "Ke we lamun masalahna
> jadi gede, era 
> nelepon subuh keneh kieu"
> 
> Isukna, ditungguan teh pulisi teu embol-embol. Ka
> tempat kos-kosan oge 
> dicek. Enya we si X teh euweuh di imahna, ceuk
> pamajikanana mah keur 
> usaha cenah. Teu dibejakeun yen kuring peuting
> ditelp ti Polsek mah, 
> karunya, da meureun pamajikanana mah teu ngartieun. 
>   
> Waktu poe kadua lebaran, kuring jeung pamajikan ka
> tempat kos-kosan, 
> terus ka imah si X, maksud teh rek ka pamajikanana
> mere bingkisan 
> lebaran. Kasampak teh si X aya, awakna pinuh ku
> plesteran, rada 
> barengep ...jeung buukna gundul. Manehna ngajak
> sasalaman bari ngeluk, 
> ku kuring diteuteup, sabenerna mah hayang ngomong:
> "Na ari sia, geus 
> jadi copet, mamawa aing deuih, ayeuna geus kaluar
> deui ti tahanan"    
> 
> Ngan teu pok da piraku di poe lebaran kudu ngawakwak
> mah. Ceuk dongeng 
> tatanggana mah si X teh kakara meunang nebus ti
> pulisi ..sa ehm, 
> cenah. Ditebus ku dulur-dulurna. Kulantaran sieun
> kababawa deui, imah 
> kos-kosan teu dipihapekeun deui ka Si X, alesanana
> mah moal 
> dipahapekeun deui, da rek dijual ...  
> 
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> 
> 
> 
> 



 
____________________________________________________________________________________
Bored stiff? Loosen up... 
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.
http://games.yahoo.com/games/front

Kirim email ke