Assalamu'alaikum..
Kang Kumi, naha leres sora jangkrik dina frequensi anu tangtu ("tertentu")
tiasa ngusir beurit, alatan katorekan ???
Wassalam
----- Original Message -----
From: kumincir
To: [email protected]
Sent: Friday, March 23, 2007 7:48 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Kartu Kredit
Jangkrik, famili Gryllidae, mangrupakeun serangga nu bisa disada, mirip
simeut jeung cihcir (ordo Orthoptera), tapi awakna rada depé sarta boga anténeu
panjang.
Pedaran
Jangkrik kawentar ku sora stridulasina (ukur nu jalu), nu disada ku cara
ngagésékkeun jangjang atawa sukuna, sahingga sora nu kaluar téh béda pikeun
masing-masing spésiés. Aya dua tipeu sora jangkrik: sora panggero jeung sora
pangolo. Sora panggero anu tarik ditujukeun pikeun ngirut bikang sarta ngusir
jalu nu séjén, sedengkeun sora pangolo nu alon mah dipaké mun bikangna geus
deukeut. Jangkrik bikang boga organ paneundeun endog (ovipositor) nu bentukna
kawas jarum. Ciri fisik séjénna nu ngabédakeun antara nu jalu jeung nu bikang,
nyaéta ayana batik dina jangjang luar jangkrik jalu (umumna), sedengkeun nu
bikang mah ukur garis-garis nuturkeun "tulang" jangjangna.
Sora 'krik-krikan' jangkrik téh gumantung ka spésiés jeung hawa
lingkunganana. Ilaharna, sora jangkrik bakal leuwih tarik mun hawa leuwih panas
(kira 60 'krik' per menit dina 13ºC). Hubungan antara hawa jeung lobana
'krik-krikan' katelah salaku Hukum Dolbear.
Nu geus kanyahoan, di sakuliah dunya téh jangkrik kabagi kana kira 900
spésiés. Ngarah teu pahili jeung simeut, perlu diinget yén jangkrik mah liar
peuting, béda jeung simeut nu liar beurang.
Taun 1970, William H. Cade manggihan yén parasit laleur Tachinidae Ormia
ochracea ogé katarik ku sora jangkrik jalu, kalawan maksud pikeun melakkeun
anakna dina awak jangkrik jalu.
Di Asia, jangkrik sok dikukut, boh nuturkeun kapercayaan (utamana di Cina),
atawa ukur kalangenan. Di daérah judi, misalna Makau, jangkrik ogé sok
diadukeun.
Pikeun nu miara manuk, jangkrik ogé sok dikukut pikeun parab.
Di Tatar Sunda, aya sababaraha spésiés jangkrik anu dipikawanoh, tapi rujukan
nu nyebutkeun klasifikasina can kapanggih:
* Jangkrik Kalung; warna awak & jangjangna hideung atawa coklat, aya
polét warna emas dina lebah puhu jangjangna (deukeut 'beuheung'na).
* Kuntring; dibédakeun ti jangkrik umumna tina sorana nu ngelentring
"tring tring tring...", warna awakna coklat.
* Bakecét; jangkrik leutik nu sok aya di jero imah, awakna hawuk/coklat
belang/tutul.
* Kasir; spésiés jangkrik nu kawilang badag (panjangna kira nepi ka 5
cm), awakna ampir hideung meles.
Baca ogé
* Gaang
* Cihcir
Sumber rujukan
* Cricket, Wikipédia édisi basa Inggris (13 Juni 2006)
Tumbu kaluar
* Intro on house crickets
* How to Raise your Own Crickets
Disalin ti " http://su.wikipedia.org/wiki/Jangkrik"
Kategori: Sato ingon | Serangga
Recent Activity
a.. 17New Members
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
a.. Culture change
b.. Corporate culture
c.. Cell culture
d.. Organization culture
e.. Tissue culture
Got Yodel?
Best Yahoo! Yodel
Give us your best
yodel and win!
Y! Messenger
Instant hello
Chat in real-time
with your friends.
Yahoo! Photos
Share Your Photos
via email &
Yahoo! Messenger
.