Sok tebak!!
Naon hubunganana jangkrik jeung Kartu Kredit???
pedar atuh kumi kainyah sakalian..

-ts-


From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> on 03/23/2007 07:48 AM
Sent by: [email protected]
Please respond to urangsunda


To:     [email protected]
cc: 
cc:     (bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC)
bcc:    Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC
 
Fax to: 

Subject:Re: [Urang Sunda] Kartu Kredit


Jangkrik, famili Gryllidae, mangrupakeun serangga nu bisa disada, mirip
simeut jeung cihcir (ordo Orthoptera), tapi awakna rada depé sarta boga
anténeu panjang.

Pedaran
Jangkrik kawentar ku sora stridulasina (ukur nu jalu), nu disada ku cara
ngagésékkeun jangjang atawa sukuna, sahingga sora nu kaluar téh béda 
pikeun
masing-masing spésiés. Aya dua tipeu sora jangkrik: sora panggero jeung 
sora
pangolo. Sora panggero anu tarik ditujukeun pikeun ngirut bikang sarta
ngusir jalu nu séjén, sedengkeun sora pangolo nu alon mah dipaké mun
bikangna geus deukeut. Jangkrik bikang boga organ paneundeun endog
(ovipositor) nu bentukna kawas jarum. Ciri fisik séjénna nu ngabédakeun
antara nu jalu jeung nu bikang, nyaéta ayana batik dina jangjang luar
jangkrik jalu (umumna), sedengkeun nu bikang mah ukur garis-garis 
nuturkeun
"tulang" jangjangna.

Sora 'krik-krikan' jangkrik téh gumantung ka spésiés jeung hawa
lingkunganana. Ilaharna, sora jangkrik bakal leuwih tarik mun hawa leuwih
panas (kira 60 'krik' per menit dina 13ºC). Hubungan antara hawa jeung
lobana 'krik-krikan' katelah salaku Hukum Dolbear.

Nu geus kanyahoan, di sakuliah dunya téh jangkrik kabagi kana kira 900
spésiés. Ngarah teu pahili jeung simeut, perlu diinget yén jangkrik mah 
liar
peuting, béda jeung simeut nu liar beurang.

Taun 1970, William H. Cade manggihan yén parasit laleur Tachinidae Ormia
ochracea ogé katarik ku sora jangkrik jalu, kalawan maksud pikeun 
melakkeun
anakna dina awak jangkrik jalu.

Di Asia, jangkrik sok dikukut, boh nuturkeun kapercayaan (utamana di 
Cina),
atawa ukur kalangenan. Di daérah judi, misalna Makau, jangkrik ogé sok
diadukeun.

Pikeun nu miara manuk, jangkrik ogé sok dikukut pikeun parab.

Di Tatar Sunda, aya sababaraha spésiés jangkrik anu dipikawanoh, tapi
rujukan nu nyebutkeun klasifikasina can kapanggih:
* Jangkrik Kalung; warna awak & jangjangna hideung atawa coklat, aya
polét warna emas dina lebah puhu jangjangna (deukeut 'beuheung'na).
* Kuntring; dibédakeun ti jangkrik umumna tina sorana nu ngelentring
"tring tring tring...", warna awakna coklat.
* Bakecét; jangkrik leutik nu sok aya di jero imah, awakna hawuk/coklat
belang/tutul.
* Kasir; spésiés jangkrik nu kawilang badag (panjangna kira nepi ka 5
cm), awakna ampir hideung meles.

Baca ogé
* Gaang
* Cihcir

Sumber rujukan
* Cricket, Wikipédia édisi basa Inggris (13 Juni 2006)

Tumbu kaluar
* Intro on house crickets
* How to Raise your Own Crickets

Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Jangkrik";

Kategori: Sato ingon | Serangga

On 3/23/07, Ahmad Toha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Aldo, biasana eta barang geus ditulisan harga. Harga kontan, Harga
ngiridit 3 kali, 6 kali atawa 12 kali. Tinggal bebeja we ka kasir husus,
biasana kasirna (lain kasir sato)

--
sikandar
kumincir.multiply.com


Kirim email ke