Punten yeuh, dupi ieu teh sareng kang Dudi anu kapungkur ngadamel di Asamamera 
South Sumatra? Upami leres mah alahamdulillah gening urang teh tiasa tepang 
deui dina millis US. Ciiikk sahanya ieu teh? hiiiihihih emut keneh henteu 
waktos nuang bakakak hayam buatan Puyuh? aduuuhh asa wararaas nya kang Dudi. 
Dupi ayeuna dimana jenengan teh? ari si Ontohod mah ayeuna teh di Project Suban 
malihan mah ayeuna teh Pak Yosep Tupamahu oge nuju aya didieu kang. Sok ah di 
lanjut.

hatur nuhun,
Anda Juanda


----- Forwarded Message ----
From: dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, March 23, 2007 8:40:03 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Kartu Kredit ataw ngadu jangkrik?-> Kang Kumi, kang 
Ilman

Ieu teh rek ngadu jangkrik atawa rek ngiridit teko?.
Sok atuh nu bener... he.he.he
Judul kamana eusina  kamendi..... .

Kang Iman <firman.raharja@ urang-sunda. or.id> wrote:
Aya oge jangkrik tiriling
sorana "tirilitiktik" (leuwih panjang batan jangkrik kalung)
awakna leutik tapi leuwih gede batan bakecet

jangkrik mikung, ieu mah anak jangkrik

jangkrik colat, sagede jangkrik kalung ngan euweuh "kalung"-na 
warna coklat hawuk
awak leuwih langsing ti jangkrik kalung
ku tukang ngadu mah sok dipake ngagere jangkrik adu





On 3/23/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED] sunda.or. id> wrote: 
Jangkrik, famili Gryllidae, mangrupakeun serangga nu bisa disada, mirip simeut 
jeung cihcir (ordo Orthoptera), tapi awakna rada depé sarta boga anténeu 
panjang.

Pedaran
Jangkrik kawentar ku sora stridulasina (ukur nu jalu), nu disada ku cara 
ngagésékkeun jangjang atawa sukuna, sahingga sora nu kaluar téh béda pikeun 
masing-masing spésiés. Aya dua tipeu sora jangkrik: sora panggero jeung sora 
pangolo. Sora panggero anu tarik ditujukeun pikeun ngirut bikang sarta ngusir 
jalu nu séjén, sedengkeun sora pangolo nu alon mah dipaké mun bikangna geus 
deukeut. Jangkrik bikang boga organ paneundeun endog (ovipositor) nu bentukna 
kawas jarum. Ciri fisik séjénna nu ngabédakeun antara nu jalu jeung nu bikang, 
nyaéta ayana batik dina jangjang luar jangkrik jalu (umumna), sedengkeun nu 
bikang mah ukur garis-garis nuturkeun "tulang" jangjangna.

Sora 'krik-krikan' jangkrik téh gumantung ka spésiés jeung hawa lingkunganana. 
Ilaharna, sora jangkrik bakal leuwih tarik mun hawa leuwih panas (kira 60 
'krik' per menit dina 13ºC). Hubungan antara hawa jeung lobana 'krik-krikan' 
katelah salaku Hukum Dolbear.

Nu geus kanyahoan, di sakuliah dunya téh jangkrik kabagi kana kira 900 spésiés. 
Ngarah teu pahili jeung simeut, perlu diinget yén jangkrik mah liar peuting, 
béda jeung simeut nu liar beurang.

Taun 1970, William H. Cade manggihan yén parasit laleur Tachinidae Ormia 
ochracea ogé katarik ku sora jangkrik jalu, kalawan maksud pikeun melakkeun 
anakna dina awak jangkrik jalu.

Di Asia, jangkrik sok dikukut, boh nuturkeun kapercayaan (utamana di Cina), 
atawa ukur kalangenan. Di daérah judi, misalna Makau, jangkrik ogé sok 
diadukeun.

Pikeun nu miara manuk, jangkrik ogé sok dikukut pikeun parab.

Di Tatar Sunda, aya sababaraha spésiés jangkrik anu dipikawanoh, tapi rujukan 
nu nyebutkeun klasifikasina can kapanggih: 
    * Jangkrik Kalung; warna awak & jangjangna hideung atawa coklat, aya polét 
warna emas dina lebah puhu jangjangna (deukeut 'beuheung'na) .
    * Kuntring; dibédakeun ti jangkrik umumna tina sorana nu ngelentring "tring 
tring tring...", warna awakna coklat.
    * Bakecét; jangkrik leutik nu sok aya di jero imah, awakna hawuk/coklat 
belang/tutul.
    * Kasir; spésiés jangkrik nu kawilang badag (panjangna kira nepi ka 5 cm), 
awakna ampir hideung meles. 

Baca ogé
    * Gaang
    * Cihcir

Sumber rujukan
    * Cricket, Wikipédia édisi basa Inggris (13 Juni 2006) 

Tumbu kaluar
    * Intro on house crickets
    * How to Raise your Own Crickets

Disalin ti " http://su.wikipedia .org/wiki/ Jangkrik"

Kategori: Sato ingon | Serangga

On 3/23/07, Ahmad Toha < [EMAIL PROTECTED] or.id> wrote:
> 
> Kang Aldo, biasana eta barang geus ditulisan harga. Harga kontan, Harga 
> ngiridit 3 kali, 6 kali atawa 12 kali. Tinggal bebeja we ka kasir husus, 
> biasana kasirna (lain kasir sato)

-- 
sikandar
kumincir.multiply. com 






Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke