Kang Ndoel.
Atuh ngiring bingah jeung ngarojong ka kang Ndoel anu tos 2 kali ngiring
ilubiung dina HBH.
Nandakeun yen komitmen kang Ndoel kana kusnet/kasundaan ageung pisan.
Nu sanes mah , tina rebuan "anggota " komunitas , kaasup sim kuring teu acan
tiasa sapertos kang Ndoel. Ari alesanna mah rupi rupi pisan, teu cekap waktos
tea, hese ngatur waktos tea, jauh tea, masalah ekonomi tea, masalah pagawean
tea jsb.
Tapi teu kedah dipikaheran , da komunitas ieu teh mangrupakeun komunitas
sosial , anu anggotana bijil ti berbagai latar belakang sumber. Aya pagawe
negeri, aya pagawe swasta, aya wiraswasta, pengusaha, aya nu masih sakola, aya
anu kakara di PHK , aya nu imahna deukeut, aya nu cicingna jauh. Pokona mah
heterogen .
Jadi kulantaran anggota komunitas ieu teh heterogen tea jeung oge teu
mengikat, janten kualitas jeung kuantitas ngiring ilubiung dina komunitas ieu
istuning ngandelkeun komitmen diri wungkul. Nu kominment dirina ageung nya
tisuksuk ti dungdung pasti ngutamakeun ngiring ilubiung kana sagala kagiatan
kusnet kumaha wae kaayaanna. Kangge nu komitmenna satengah satengah, nya kitu
kitu waelah. Upami diondang, dongkapna sakapalayna, teras dongkapna ngan
saelol wae, ulah teu kasebut teu datang wae. Tah nu kararitu teh wajar wae keur
komunitas sosial samodel kusnet mah . Benten sareng komunitas hiji
kantor/parusahaan , misalna.
Kukituna ceuk pikiran kuring, nya kedah diemutan milari cara keur
ningkatkeun kualitas komitmen diri ieu, supados "rasa memiliki"na janten
meningkat.
Pasti seueur pisan carana teh. Tiasa mangrupi anjuran. Sapertos nu kang Ndoel
dianjurkeun kedah sering interkasi dina milis supados tiasa langkung raket
deui, dugi ka akhirna tiasa ningkatkeun komitmen dirina kana komunitas ieu.
Tiasa saperti anu ku sim kuring diusulkeun. Diaeh aeh, diaku langkung ti
sakadarna. Tah salah sawios kasempetan ngaeh ngaeh atanapi diaku sebagai
anggota kumonitas teh dina waktosna HBH. Mudah mudahan upami ngaraos diakuna
sebagai pribadi pribadi ku para inohong kusnet, para anggota "awam" komunitas
ieu teh tiasa ningkatkeun komitmenna sapertos komitmenna kang Ndoel.
Nu mawi sim kuring ngadongenkeun conto waktos janten ketua RT. Ka RTan teh
sami wae sareng komunitas kusnet. Sami sami komunitas sosial. Ciren komunitas
sosial samodel kusnet atanapi ka RT an teh aya nu sami.Salah sahijina , teu aya
hubungan atasan sareng bawahan, teu aya paksaan ti salah sawios anggota ka
anggota lain. Nu aya ngan ngajalankeun komitmen anu tos diputuskeun ku
komunitas.
Persoalanna kumaha ningkatkeun komitmen diri kangge ngajalankeun komitmen
komunitas , supados naon anu diputuskeun ku sadayana teh membuahkan sukses.
Ceuk kuring mah teu cekap ku anjuran wungkul, tapi ngajakna kedah bari
dirangkul.
Picapeeun memang. Tapi kunaon sim kuring bet ngusulkeun sapertos anu tos ku
sim kuring di tulis. Margina sim kuring percanten kana komitmen diri para
inohong kusnet kangge salawasna ningkatkeun kualitas komunitas kusnet.
Sim kuring terang, yen kusnet tos ngabentuk badan usaha Kooperasi. Tapi
saurna teu puguh kelangsungannana. Kunaon margina?. Ceuk sim kuring mah, salah
sawios margina teh kulantaran para anggota kumunitas tidak merasa memiliki
badan usaha eta. Kunaon anggota kusnet teu ngaraos memilikina?. Kumargi
komitmen dirina teu aya.
Kumaha cenah supados komitmen dirina tiasa ningkat?. Ceuk kuring , sigana
setiap anggota kedah diusahakeun merasa dirina bagean penting ti kumonitas eta.
Carana?. Salah sahijina , anu kapikir ku kuring , nyaeta sapertos anu
diusulkeun dina email samemehna.
Sim kuring mah sok inggis, ari dina email hog hag atanapi SKSD tea, tapi dina
waktos ngumpul aya kesan sabalikna. Tungtungna jadi suudzon. Misalna gening
si A teh ari di milis mah ramah, tapi ari panggih bet "sombong" atawa jaga
imej. Mun tos aya kesan kitu ti anggota awam ka para inihong, naon anu jadi
udagan kusnet teh pasti bakal leuwih jauh. Tah sigana anu kedah dicegah teh
kesan sapertos kitu. Numawi sim kuring ngusulkeun aya "panitia khusus".
Usulanna sederhana.
Tapi upami tina usulan sederhana sim kuring ieu teh, ngakibatkeun para
inohong ngaraos kakorek naon anu tos hese dipidamel salami ieu, tapi ieu si
Dudi teh malah kawas mamatahan ngojay ka meri,sedengkeun si Dudi sorangan
naon gawena salila ieu?. Nya pangapunten we. Sim kuring mah teu aya maksad
bade ngaleleceh damel para wargi salami ieu. Sim kuring ngan sakadar medal
usul tina pangalaman sim kuring salami ieu. Sugan aya mangpaatna kangge
ningkatkeun komitmen diri masing masing anggota komunitas kusnet . Eta oge
upami aya saena. Upami diemut teu aya mangpaatna, nya hihilapkeun we.
Hatur nuhun
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Dudi,
sim kuring, tos dua kali ngabantosan panitia HBH, nyaeta
basa HBH ka-2 sareng HBH ka-3. Samemehna sim kuring ngahaja
ngulem dina milis, diwawarkeun saminggu dua kali, bari tuluy
disebutkeun saha-sahana anu parantos ngintun konfirmasi bade
ngorong. ...eh ngiring. Tiap dinten eta daptar nu tos konfirmasi
teh di ap-det.
Teras,
Ti sakitu rebu anggota milis Kusnet, nu aktif teh memang ngan
saukur sabaraha persena wungkul, kukituna...bisi aya nu sok noongan
wungkul bari jeung statusna nomail, 2 minggu sakali eta uleman
teh di japri ka sadaya anggota anu alamat imelna katulis janten
anggota.
Nu tos ngintun konfirmasi, difollow up deui ku cara ditelpon,
di sms atawa bari ceting. Kumaha teu diaku ? Cik ?
Dina prakna HBH, sadaya ge tos dirarancang. Ti mimiti acara,
tuangeun, hiburan nepi ka tempat kanggo peureum. Gumantung deui
kanu diulemna. Da seuseu-eurna mah, sarumpingna teh sok mandeurikeun,
padahal samemehna dina uleman ge disebutkeun yen acara teh dimimitian
jam sakieu. Tapi, angger...aya nu sumping siang, aya nu sonten, aya
oge nu enjingna. Jadi seueur baraya nu teu paamprok. Nu hiji sumping,
nu hiji deui tos mulang. Kitu jeung kitu we. Najan kitu, dina HBH
Kusnet mah sadayana ge ditaros, diajak ngobrol, teras ting-garunduk
ngobrol saleuseurian.
Punten, ieu mah sanes mapatahan nodong ka garong...
Jadi, masalahna mah, balik deui ka diri urang sorangan.
Bade Halal Bihalal atanapi bade kondangan ?
mun bade HBH, nya mangga sarumping. Tong jadi tamu. Sakumna anggota
Kusnet sakuduna jadi tuan rumah.
Sanes ku mayar tuluy ngajadikeun ngarasa miboga HBH, tapi sakuduna
didasaran tina hate, tina getih Sunda nu meungkeut rasa duduluran
urang. Anu matak, mangga, sing seueur interaksi dina milis.
Bade dongeng, bade kukulutus, bade tetembangan ge heug, meh batur
arapaleun ka urang, meh urang oge apal ka batur, najan dina milis
oge. Jadi dina prakna HBH teh, aya rasa kasono anu jadi magnet
pikeun
urang hoyong ngariung jeung jalmi-jalmi anu dimilis mah tos wawuh.
soal panitia anu tugasna kuku-rilingan nepangan tamu, saleresna
mah tiasa disederhanakeun. Panampi Tamu anu biasana ngajanteng
bari umat-imut, kantun digentos ku anu langkung tangginas.
Tapi...sadaya usulan, kiripik ..eh kiritik katampi pisan, estuning
kritik teh salah saratus cara pikeun ngabebener.
sanes kitu ?
Hatur nuhun,
-dul-
--- In [email protected], dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Maksad "panitia khusus " teh, nya ti urang urang keneh
wae.Utamina "inohong" anu tos dikenal aktif dina millis ieu
> Nyaeta pami tiasa ditunjuk sababaraha urang we , misalna teh
Gia, kang Agus, kang Doel, kang Kumincir atanapi saha wae anu
sayogi ( biasana anu selera humorna aya sareng rada kreatif ningali
celah kangge nepang nepang keunna para tatamu ka tatamu sejenna).
>
> Sigana teu meryogikeun waragad samasakali . Mung ieu
mah "panitia khusus" teh namina wungkul. Tugasna khusus nepang
nepangkeun tamu anu haladir anu maksadna supados hubungan
silaturahmi dina jrengna acara supados teu karaku sareng "bareku"
> .
> Namung masalahna teh, hese pisan milari anggota kusnet anu
tiasa nyayogikeun waktos , tiasa ngungkulan HBH ti awal acara dugi
ka akhir acara.
>
> Nyaeta mah atuh teu langkung bade kumaha behna eta HBH, ieu
mah mung sakadar usulan . Nu kaemut ku sim kuring, sigana kitu
salah sahiji carana sangkan sadaya tamu ngaraos ngagaduhan acara
eta. Upami sadaya tamu tos ngaraos ngagaduhan acara HBH eta (
langsung jembarna ngagaduhan Kusnet) , Insya Allah dina urusan
kencleng kengingna bakal nambihan. Ieu pangalaman sim kuring sok
sanaos sanes pas dina acara kapanitiaan HBH.
>
> Akang teu kedah tamada ka sim kuring atanapi ka sasaha dina
leresan ieu mah. Da teu aya anu kedah dilepatkeun ka sing saha oge .
> Sakali deui usulan ieu mung sakadar usulan anu teu aya lepatna
upami urang ilo sasarengan.
>
> Upami tos diilo teu aya mangpaatna, nya atuh hihilapkeun we
>
> Nuhun
>
> "S. Siddik Wiradireja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Duka atuh upami kitu mah anu dimaksad kusalira, kedah
nyayagikeun
> panitia khusus kanggo ngajajap-jajap tamu sapertos dina kariaan,
> raraosan mah kirang sanggeum.
> Sim abdi salaku (insya Allah) calon pamangku hajat, manawi kawidian
> ku MantenNa, asa moal kawaragadan kanggo nyayagikeun
panitia/panampi
> tatamu anu sapertos dimaksad ku salira.
> Ti awalna bade tamada, neda agung nya ngamafhum jambar hapuntenna..
> Janten HBH anu bade dongkap oge rarancang mah sapertos HBH-HBH anu
> tos kalangkung.
>
> Pihatur,
> ssw
>
> dudi mulyadi [EMAIL PROTECTED]
> Leres pisan kang, anu disebat ku akang teh kitu pisan kanyataanna.
> Naha ieu teh tos mangrupikeun karakter urang Indonesia , ki sunda
> khususna, atanapi kumaha tah.
>
> Sok sanaos dina uleman disebat kangge sakumna wargi Kusnet , ih
dina
> der na mah sabageana atanapi sabagean ageung teh mun dina
> sarumpingna ge ngan saukur sumping, teras , ngantri tuangeun,
> teras calik. Upami aya ningalieun nya nongton. Upami teu aya
> tingalieun , nya cekap calik we dina korsi teu "aya kapalay"
> nepungkeun maneh ka sisi ka gigir. Padahal sasalaman nepangkeun
diri
> teh pan kalebet praktekna silaturahmi. Ieu mah jauh dijugjug
anggang
> didongkapan , ari dina prakna ngan saukur tuang wungkul
> kadongkapananana teh. Asa panghanjakalkeun. Padahal lamun teras
> nguriling , pancakaki mah , Insya Allah bakal ngadeukeutkeun
rejeki.
> ( Sakali deui, ieu kanyataan anu teu tiasa dipungkiri. Tapi kudu
> kumaha atuh supaya HBH "sukses"??)
> >
> > Tah ningali kanyataan sarupi kitu, sim kuring menghimbau atawa
> nyeluk ka rengrengan panitia, supados tujuan silaturahmi ieu
> kahontal, nya ngusulkeun supados aya panitia anu ditugaskeun
> nguriling nepangan kaditu kadieu. Ka kelompok itu ka kelompok
> ieu.Misalna upamina aya tamu si A ti Cianjur sumping, barang jol
> teh teras ditepangan ku Panitia #1 , teras ditaros , pasihan name
> tag, teras diajak ngobrol sa kecap dua kecap mah. Apalkeun namina.
> Upami engke si panitia #1 teh tepang sareng si B anu ti Cianjur
oge,
> pek panitia#1 teh nyelukan si A anu tadi tea (SKSD we ( SKSD reh
> Sok Kenal Sok Dekat). Der ditepangkeun ka si B. Tos papada tepang
> mah keun we sina ngarobrol.
> > Dimana engke si Panitia #1 teh nangkep aya kasataraan sanes
> deui , catet,. Misalna Si A teh ternyata kapungkur sakolana
kaluaran
> Unpad. Teras tepang ka tamu si C tapi ti Garut, oge kaluaran
Unpad,
> sok sanaos Unpadna teu pati jelas. Pok deui wae panitia #1 teh
> ngenalkeun si A nu ti Cianjur ka si C nu ti Garut supados sina
> guntreng ngarobrol.Jadi panitia khusus ieu kedah kreatif ningali
> sisi mana anu tiasa dijadikeun sisi anu sami keus sadayana
kalangan
> tamu.
> >
> > Ieu cara sapertos jelimet atanapi sesah nerapkeunana. Tapi
> saleresna mah teu hese. Syaratna si panitia khusus eta kedah
> berusaha dengan ikhlas dan sepenuh hate. Insya Allah keur si
panitia
> sorangan pasti aya mangpaatna, oge keur para tatamu bakal moal
kaku
> jeung bareku kawas es.
> > Upami ngan saukur dihimbau mah , sapertos disebat dina uleman.
> Upamina kieu :
> > "Ieu uleman HBH keur sing saha wae anggota kusnet , teu diwilah
> wilah sareng teu dikelompok kelompok, tiasa sarumping. Mangga ulah
> asa asa geura sarumping".
> > Tapi ari dina prakna panitiana dinilai ku para undangan sapertos
> saribuk nyalira, sementara para tatamu rata-rata teu papada wawuh
> jeung teu aya gadag naros kenca katuhu , ngenalkeun diri ( pan
> kanyataan na kitu sanes?). Aya wae panitia anu dikenalna tapi
> katingalina sibuk atawa aya wae anu "jaim" ( jaim = jaga imej. Ieu
> mah pangalaman sim kuring di HBH sanes), pasti suasana teh
> bakal "garing", kaku jeung membosankan ceuk babasan ayeuna mah.
> >
> > Kuring jadi inget waktu keur jadi ketua RT ( 10 taun lho jadi
> ketua teh). Ma'lum ketua RT di komplek perumahan anyar. Masing
> masing warga sadayana pendatang jeung asalna ti berbagai kalangan
> sosial.
> > Dina sababaraha kali riungan RT nu dongkap teh ngan eta deui
> eta deui, paling loba 6 -7 kulawarga tina 44 imah teh. Lila lila
> kuring jadi apal , saha wae jeung imah anu mana wae anu tara hadir
> teh. Tungtungna dina waktu senggang, ku kuring tatangga nu tara
> hadir teh dianjangan. terus diajak ngobrol , panca kaki ka ditu
> kadieu.Paling henteu saimah sapoe . Sanggeus wanoh pisan waktu
> ditanya kunaon tara hadir kana riungan . Rereana mah alesanana teh
> isin alias era jeung sajabana alesan samodel kitu anu nandakeun
> sagalana berfokus kana dirina sorangan, anu ngarasa
leuwih "leutik "
> ti batan anu sejen. Tapi sanggeus ditepungan secara pribadi mah,
> satiap diajak riungan atawa kerja bakti oge, langka anu nolak.
> Dimana teu bisana ge sok datang atawa nelepon ngabejaan teu bisa
> hadir atawa ulubiung dina kapanitiaan dslb. Jadi sanggeus
ditepungan
> hiji hiji mah sakur anggapan dirina "leutik" teh leungit,
gagantina
> ngarasa dirina jadi bagean penting tina komunitas ka RTan
> > Jadi cindekna pendekatan pribadi ti para "inohong" keur
> para "anggota" kuminitas awam teh penting pisan. Para anggota
> komunitas awam , ceuk kuring mah lain sombong atawa teu hayang
> larut kana komunitas secara sautuhna ( ku maksakeun datangna ge
geus
> nandakeun kahayangna mah gede), tapi kulantaran aya perasaan
dirina
> teu penting keur batur alias minder ataw ngarasa "leutik".( Omat
> lain oge para komunitas awam teh hayang dianggap penting . Lain
> kitu.) Insya Allah maranehanana bakal jadi ngarasa dirina penting
> sanggeus ku para inohong dianggap diri penting.Carana inohong bisa
> nganggap diri awam penting teh sederhana pisan . Nyaeta ku NANYA
> jeung NEGUR SAKECAP DUA KECAP, sok sanajan samasakali eta awam teh
> teu dikenal pisan. SKSD lah.
> >
> > Nu matak kuring nyeluk, upama hiji riungan HBH hayang sukses
> kudu aya panitia khusus sebagai host ( tuan rumah) anu kudu ramah
> ka semah anu prak prakana teu ngawilah wilah kasasaha. Rek tamuna
> pejabat , atawa cacah, si host eta kudu menservis sarua. Sarua
> ramah ,ikhlas jeung teu dibuat buat atawa basa basi
> > Ari karereaanna mah , para penerima tamu teh mani darehdeh
> pisan upama nu datangna teh pejabat atawa inohong. Ari ka
> inohong /pejabat mah nepi ka tempat diukna ge khusus dianteur ,
> tuluy ditawar itu ieu, sementara ka tamu biasa penyambutanna ngan
> saukur basa basi.Para penerima tamu samodel kieu anu biasana
> membuat riungan HBH jadi kaku jeung nu membuat para anggota
> komunitas awam kawas nu teu aya gadag jeung kahayang.
> >
> > Kitu lah pangalaman kuring nengetan kapanitiaan sababaraha kali
> HBH naon wae oge.
> >
> > Mudah mudahan aya mangpaatna.
> >
> > Wassalam
> >
> >
> >
> > Siddik Wiradireja <cikundul3@> wrote:
> > Saleresna tong boroning dina HBH Kusnet, ampir dina
> sadaya riungan, seueurna tamu-tamu anu sarumping teu anu teu
wawuh,
> ari sanes dina riungan kulawargi atanapi riungan
> > sa-alumni mah.
> > Kantun kumaha urangna, bade dimana urang nempatkeun diri, naha
> bade nempatkeun
> > dina lebet eta komunitas atanapi bade nempatkeun diluar
> komunitas..??
> > Upami bade nempatkeun diri dina lebet eta komunitas, kantun
> solongkrong we, derrr
> > ngobrol ngaler ngidul, lami-lami oge janten wanoh.
> > Upami bade nempatkeun diri diluar eta komunitas, tangtos sadaya
> tatamu teu aya
> > anu wawuh, asa disapirakeun, asa janten hayam panyambungan.
> > ISIN bin ERA....??, nya hal ieu pisan anu kedah dipiceun, dina
> enggoning
> > ngalalanyahan "tandang makalangan", margi upami eta
> sifat/raraosan digugugulung
> > wae, bade iraha urang tiasa jengkar kadunya luar.
> > Janten upami ngaraos wargi Kusnet, teu kedah rengkag-rengkog,
> sumping moal-
> > sumping moal, ari sanes aya halangan anu teu tiasa dirempag mah.
> > Apan dina ulemanana oge biasana kum kasadaya wargi Kusnet, tara
> di wilah-wilah.
> >
> > Pihatur,
> > ssw
> >
> >
> >
> > ndoell ndoell@
> > Saleresna mah, sok aya riungan-riungan anu disebut Kopdar.
> > aya Kopdar anu rutin, aya oge Kopdar dadakan. Mun bade aya
riungan
> > sok diwawarkeun di milis.
> >
> > Kopdar Rutin sok diayakeun keur ngabahas pasualan-pasualan nu aya
> > pakuat-pakaitna jeung Kukusnetan. Ari Kopdar dadakan mah, biasana
> > Kopdar nu diayakeun ku baraya-baraya anu nembe sumping ti luar
> > Nagreg, hoyong pendak. Biasana mah pendakna di restoran atawa
> > ditempat umum.
> >
> > Mangga, nu teu acan wanoh, nu hoyong diaku, tong asa-asa
> ngiringan.
> > Tapi sakapeung sok aya anu alesan,"Ah..asin, eh isin da teu aya
nu
> > kenal.." Padahal mah ku riungan teh matak jadi pada-pada kenal,
da
> > pastina oge moal disaha-saha. Estu dibageakeun pisan.
> >
> > Balik deui kana tujuan ulubiung dina milis. Mun enya tea mah
hayang
> > ngamumule basa jeung budaya sunda, teu aya lepatna mun aya
kagiatan
> > teh ngiring aktif. Teu kudu dijujurung komo disuntrungkeun, tapi
> > kudu gaduh inisiatif nyalira.
> >
> > Kuduna mah nya Kang,
> > Tong ngan saukur gagayaan marake kaos Kusnet anu aya tulisan
> > "HALING KU AING", ari dina prakna silih dedetkeun ka batur.
> >
> > Sanes kitu ?
> >
> > -dul-
> > kompor : hurung
> >
> >
> >
> > Recent Activity
> >
> > 15
> > New Members
> >
> > Visit Your Group
> > SPONSORED LINKS
> >
> > Culture change
> > Corporate culture
> > Cell culture
> > Organization culture
> > Tissue culture
> >
> > Got Yodel?
> > Best Yahoo! Yodel
> > Give us your best
> > yodel and win!
> >
> > Yahoo! Photos
> > Order at Yahoo!
> > Pick up at Target
> >
> > Y! Messenger
> > Files to share?
> > Send up to 1GB of
> > files in an IM.
> >
> >
> >
> > .
> >
> >
> >
> >
> > http://cikundul3.multiply.com
> > Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
> > Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
> >
> >
> >
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Get your own web address.
> > Have a HUGE year through Yahoo! Small Business.
> >
>
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
> Try the Yahoo! Mail Beta.
>
---------------------------------
8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time
with theYahoo! Search movie showtime shortcut.