Cobi aos buku Sejarah Banten kengin Yosep Iskandar. Upami teu lepat asa aya di 
didinya. 
   
  Wass
  ESS

Wawan Sukmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Abah sim kuring almarhum kantos nyarios, yen luluhur kuring teh 
nyaeta 
Senapati Kasultanan Banten, Tubagus Buang. Dicarioskeun, waktos 
terjadi perang sareng Walanda, Banten eleh. Tubagus Buang salamet, 
anjeuna pundah-pindah ti hiji tempat ka tempat sanes, ngahindari 
udagan anjing2 walanda jeung Walandana. Akhirna, Tubagus Buang bumen-
bumen nyieun lembur di leuweung daerah kalereun Cibingbin Kuningan, 
nyaeta desa Dukuhbadag mun ayeuna mah disebutna. 

Dina sajarah desa Dukuhbadag, Tubagus Buang teh gentos nami janten 
Bradjadigiri, supados teu kaambeu ku Walanda.

Dugi ka ayeuna, makam anjeunna masih keneh aya. Di rawat ku anak 
incuna, janten "pusaka" Desa Dukuhbadag.

Sim kuring bada tumaros ka US, leres henteu ieu carita teh ? Sugan we 
aya nu terang. Nuhun !!!



         

 
---------------------------------
Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and 
always stay connected to friends.

Kirim email ke