Leres..leres pisan kitu pisan .
Malih sim kuring mah , kulantaran DOKTOR nu jabatanna janten REKTOR oge ,
janten teu aya saptu teu aya, minggu atanapi senen , idek liher we di kantor.
Tapi da dikengingkeun ngangge internet. Margi upami teu aya internet moal
tiasa komunikasi kamamana, da puguh tempat gawe sim kuring mah di tempat anu
hara haraeun , jauh kaditu kadieu.Lembur oge teu aya ( remote area ceuk
bahasa deungeunna mah). Fasilitas telepon aya, tapi awis pisan
Supados teu kasepian, nya ku perusahaan teh di pasihan fasilitas internet.
Disagigireun kangge ngadukung pagawean , nya tiasa dianggo komunikasi pribadi
ka dunya luar.
Kituh tah
*) ( REKTOR = Kerek di Kantor)
Kapalan basa sundana sasanggaleun kang
hatur nuhun
Triaji Prio Pratomo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya sababaraha alesan kunaon eta dinten ahir minggon sok kirang aktip
kana kagiatan di internet, Kang Dudi:
Kahijina, nyaeta ieu dinten teh dinten ngaso, kumargi sapopoe dinten
biasa ayana di luar bumi. Piraku dinten ahad anu kanggo kulawarga oge
dianggo keur recet di internet.
Kaduana, nya leres, seuseueurna anu aktip teh nyaeta anu ngagunakeun
pasilitas ti kantor maranehna.
Katiluna, bosen weh meureun unggal usik kudu kutak ketik teterasan matak
ramo janten kapalan (naon ari basa sundana kapalan teh nya?)
Kaopatna, kantenan we sepi, da taribra keneh ngeukeupan putu, hehehe
Nepangkeun ah, abdi Aji, jalmi wetan anu lami di kulon...
Salam baktos ka sadayana wargi KusNET
dudi mulyadi wrote:
>
>
> Wargi kusnet, ari poe saptu jeung ahad teh kusnet biasana sok rehe nya.
> Kunaon tah ?
> Bisa wae :
> 1. Nandakeun warga kusnet saribuk jeung urusan kulawarga masing masing.
> Aya nu ka luar kota, aya nu ka lembur, aya nu ka gunung , aya nu ka laut
> ( eh jadi lain maksudna), aya nu sibuk beberes imah, aya nu ka moll, aya
> awe anu nuluykeun ngimpina ba'da shalat subuh.
>
> 2. Nandakeun yen salila ieu nginternetna atawa ngimelna ngagunakeun
> fasilitas kantor ( kumaha tah ceuk teh/kang Ely, leres kawasna pamendak
> salira teh).
> Sok ngaku saha wae anu sok ngagunakeun fasilitas kantor?.
>
> Tapi ketang ngagunakeun fasilitas kantor ge aya anu dimeunangkeun
> jeung aya oge nu teu dimeunangkeun ku aturan managemenna . Kumaha
> kantorna we lain ?.
>
> Sok ah ramekeun deui
>
__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com
---------------------------------
Finding fabulous fares is fun.
Let Yahoo! FareChase search your favorite travel sites to find flight and hotel
bargains.