Ari ceuk kuring mah, tibatan kukuluyuran
kaditu-kadieu, atawa maca koran di tempat gawe,
mendingan ngamangpaatkeun fasilitas internet di
kantor.

aya waktuna memang, nyandu pisan kana internet teh,
nepi ka poho kana tugas-tugas kantor. Tapi eta teh
moal salilana, aya masa-masa "jenuhna". Tah, engke
teh, otomatis aya "pangerem" pikeun muka internet. Anu
ideal mah, lamun mukaan internet teh wanci asup kantor
satengah jam. Wanci istirahat siang satengah jam,
jeung wanci rek mulang kantor satengah jam. Biasana
mah, waktu sakitu teh cukup pikeun mukaan internet,
atawa ngabales imil-imil anu perlu. Tapi kadang, sok
aya imil anu perlu jawaban anu rada imeut ku
bukti-bukti atawa argumen anu sipatna ilmiah, tah nu
jiga kitu mah, biasana sok perlu mukaan referensi
buku-buku heula.

Ku cara kitu, kamampuan dina ngungkapkeun eusi
pipikiran dina basa Sunda, diasah jeung dilatih,
sahingga bisa dianggap cukup maher/parigel. Hal ieu
kedah dilatih sacara rutin. Sabab lamun teu kitu,
kamampuan "intangible" dina ngamaherkeun nulis basa
Sunda bakal tumpur.


baktos,

mrachmatrawyani

--- Temmy Subrata <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> ...punten ah....
> sayah....sayah.....(maksudna sayah termasuk nu
> ngagunakeun fasilitas kantor hehehehehehehe)...nya
> kumaha deui, da mun dinten saptu jeung ahad keur
> hoream milarian hotspot gratis, nya di kantor
> weee....
> 



 
____________________________________________________________________________________
Bored stiff? Loosen up... 
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.
http://games.yahoo.com/games/front

Kirim email ke