Euleuh asa teu merenah kieu nya basa teh :) 'vocab'na mah moal kalangkung ku Ki Sunda nyalira, mung eta etikana anu karaos tebih ti budaya Sunda
Upami pribados mah teu ngagung-adigung ka hiji basa, utamana basa sunda, simkuring langkung resep ka maranehna nu ngamumule budaya, sanes saukur basa. Punten ah rada seukeut cariosan simkuring. ely evalita wrote: > > > Sampurasun, wilujeng weungi warga USNET umumna, > > Atuh teu hilap ka kang Waluya nu ngagugulung wae buku fisika bari jeung > teu pinter-pinter, atuh ka teh Ika anu buburuh nepi kasubuh kuli nepi ka > wanci janari untuk sesuap nasi, ka Ambu anu asli bumen-bumen didaerah > bronx na bandung oge anu sok malipir daerah kumuh, kucel, kumel daerah > Cicadas, Sukaluyu, Cihaurgeulis, Cicaheum, oge teu hilap akang anu nuju > sakola adminsitrasi diluar negri anu engkena janten MBA (Master Bari > Andekak), atuh ka nonoman sunda nu karasep anu gareulis, anu mahasiswa > anu mahasiswi, anu ngalanggur mang taun-taun anu resep mukaan > www.lalatX.com <http://www.lalatX.com>, nya kitu oge anu pentingnamah ka > kang Sidik anu obsesina palay janten pejabat, duh cape yeuh ditataan > hiji-hijimah, kasadayana we urang Sunda nu pangangguran lebet ieu > milist. Pribados bade ngadongeng, kieu dongengna. > > Bahasa Inggris teh dijaman kimari jadi bahasa anu paling penting, sabab > jadi hiji alat komunikasi verbal anu paling canggih, paling gampang, > kusabab kitu sok ayeunamah urang sunda teh beralih ka basa Inggris > supaya basa inggris paling heunteu jadi basa kadua saeunggeus basa > Indonesia. > > Ari basa sunda dimana ayana ? Tong sieun baraya, basa sundama otomatis > matri dina diri orang Sunda,pasti dipake dina komunikasi sabangsana, > artina teu kudu dipelajari deui da etamah otomatis napel dina letah. > Jeung deui geus teu jamana make basa Sunda anu undak usukna matak > ngaripuhkeun anu make, anu jelasmah anu otomatis napel kana diri teh > basa Sunda anu basajan. Jadi lamun hayang basa sunda dipakai dina basa > pergaulan luas ditatar sunda, justru kudu terus disaderhanakeun, > supaya ceuk jawanamah "Kromo ingggilna" heunteu dominan. Nu pentingna > mah sakali orang Sunda kamana wae pasti ngomong sunda jeung baturna. > > Balik deui kana basa Inggris, basa inggris teh keur kahirupan modern > bener-bener unggul, contona we, hiji awewe orang sunda anu jadi babu di > mancanagara modalna hiji nya kudu bisa basa Inggris, bayangkeun ku > bisana basa Inggris manehna bisa naekeun harga jual, tina ngababu di > orang sunda deui nu ngan dibayar 250 rebu perak sabulan, atawa di orang > cina anu dibayar 500 rebu perak sabulan, waktu ngababu di Amerika bisa > dibayar US $ 8/sajam kira-kira US $ 1000/bulan kira-kira 9 juta perak > sabulan. > > Loba contona pentingna basa inggris teh. > > Kang Ibing orang Bandung moal bisa diundang jadi penceramah agama di > Sindey Australia lamun bisana ngan bisa basa sunda, tapi manehna kapaksa > kudu bisa basa Inggris, mangga taroskeun ka kang Ibing atuh. > > Atuh Mohamad Joban disingkat M Joban, asli orang Sunda, orang pasar rebo > Purwakarta, anjeuna bubuara di Amerika tos aya belasan tahun (pemegang > Green Card), ayeuna anjeuna janten Presiden of Imam and Fatwa for > Wasighton State oge modalnya nya basa Inggris. tapi basa Sundana teu > leungit. Kantos sakali abdi ngadangukeun ceramahna di hiji lapangan > Seattle, WA. jamaahna nya bermacam-macam. Basa inggrisna norolang, tapi > saatos ceramahmah, abdi nepangkeun yen abdi orang Bandung anu nuju > jalan-jalan ngalongok pun lanceuk, der teh anjeuna nyarios nganggo sunda > Purwakartaan anu norolang, eh tidinya der limaan genepan, tujuhan jadi > belasan anu ngariung ngobrol basa Sunda, malah der hiji, dua tilu > bule-bule USA ngabodor cenah abdi oge Urang Sukabumi Asli (USA), matak > kayungyun bule ngabodor make basa sunda, kutan teh manehna tahunan di > Sukabumi (janten peneliti geologi, deur meunangkeun urang sukabumi, > putra-putrana oge basa sundana teu goreng-goreng teuing, nu hebatnamah > perpaduan USA + Sukabumi teh menghasilkan Indo nu geulis tur kasep). > Duh matak waas di hiji lapangan di ujung dunya anu tiis, masyarakatna > ngobrol basa sunda, make terus bobodoran khas sunda tea anu rada jorang, > > Atuh upami para wargi palay uninga M Joban orang pasar rebo anu janten > da'i di USA anu janten President of Imam sanaga bagia WA, mangga we > search di yahoo/google nganggo "M Joban Seattle", jamaahna dugi ka > Houston anu jauhna rebuan mil ti Seattle. Ajeuna sukses "menunjukan > bahwa ada Islam" didunia ini. > > Balik deui kana basa Inggris. > > Basa Inggris memang kacida peuntingna keur urang sunda anu hayang muka > diri kana pengetahuan, sabab urang teu cukup diajar di bandung di UPI > (Universitas Padahal IKIP) atawa di Universitas Garut, lamun ngelmuna > ngandelkeun tipaguron model kitu wungkul atawa didinya wungkul bisa > dipastikeun elmuna nya kitu-kitu wae, UPI, Universitas Siliwangi, > Universitas Garut jeung sajabana ngan ngahasilkeun nonoman beban nagara. > Lamun urang kitu wae tong salah lamun hasilna nya masyarakatna jiga > kieu, ngaligeuh euweuh gawe, ngan ngahasilkeun pangangguran tiap tahun, > atuh antukna nya prustasi nya balik deui jadi ngored ata ngebon cara > tradisional tea. Atuh pejabatna paling luhur jiga kang Sidik anu kurung > batok, anu teu bisa mencar (basa budak ayeunama Creative and Inovative), > anu teu leuwih ti jadi pejabat jaman samemehna nyaeta jelema loba > kasieun, saurna oge ka atasan teh kumaha bapa we anu pentingmah abdi > tiasa emam, naek pangkat terus jeung teu dipecat, tujuana engke meunang > pensiun di usia 55 - 63 tahun (kitu pan jadi pegawai negrimah). > > Basa Inggris, asupkeun kana kurikulum SD, guruna tong sieun, di > Bandungmah pabalatak, eta lulusan UPI anu ngalanggur pabuih, meuning > titah ngajar SD di desa-desa, maranehna Insya Allah daraekeun dibayar > UMR oge, daripada ngaligeuh atawa ngajentul hareupeun hawu atawa surfing > lalatX.com. > > Ti mana mayarna ? Tah ieu bagian ka Sidik anu mikirna lamun hayang > ningkatkeun diri jadi pejabat anu Creative and Inovative. Emut > saderek Jawabarat teh sumber uang. Di Jawabarat tempat ngumpulan jelema > beunghar anu koret, medit, meregehese. Sok atuh bagian kang Sidik > eh punten, maksad teh bagian pejabat sapertos ka Sidik anu ngorehan > timana sumber dananya ti jalmi baleunghar tea dalam bentuk pajak . Omat > kang ulah baramaen ti pemerentah pusat, sabab etateh duit upeti ti > Propinsi luar jawa anu diperes anu kabeneran masyarakatna ayeuna masih > leuwih barodona ti urang sunda, jadi can berkutik diperes ku pemerintah > pusat teh. karunya lah. > > Abdimah resep lamun ninggali USA, Inggris, Australi, Jerman jsb. Sakola > teh gratis pisan, jadi sakabeh anggauta masyarakat meunang hak anu > sarua keur minterkeun diri, jadi boga kasempetan anu sarua keur > ningkatkeun harga jualna, jumlah sakola oge teu loba, sacukupna keur > masayrakatna. > > Iraha di Jawabarat jiga kieu nya ? > > Anu bingungmah di Jawabarat Sakola durder mencengis jiga suung, lain > lapangan kerja anu dibangun teh, kudunamah industri anu dibangun kalah > ieumah sakolana heula, padahal sakolamah otomatis mecenghul lamun setiap > masyarakatna digawe. Ieu geura contona di garut aya Universitas, teu > kabayang hasilna sarjanana jiga kumaha ? ITB wae anu kahot panghadena > sa Indonesia oge ngan nepi ka urutan 250 dinya ukuran dunyamah. Tapi > lain eta anu pentingnamah, keun we berdirimah da enggeus, artina > ngajieun lapangan kerja keur para lulusan PT anu rada OK, anu harayang > jaragi guru di paguron luhur, keun we di paguron asal jadi oge. Atuh > ayeunamah urang mikir kahareupna ieu alumnina rek dikumahakeun, elmuna > ngan sakitu-kituna, ngan sadiberena di pagurona, bari teu maca sumber > aslina dan teu becus basa inggris tea. Naha ieu lulusan dititah > ngarangon meri wae kitu atawa jaradi anggauta DPRD atawa jaradi pagawe > pemda. > > Atuh sakieu heula we pancinganana, cing sugan aya warga USNET anu mikir > .......... > > Insya Allah sasih payun pribados tos tiasa ngangganggu deui warga USNET > anu pangangguran tea. > > wass > Elly Evalita. > > > > > > ------------------------------------------------------------------------ > We won't tell. Get more on shows you hate to love > <http://us.rd.yahoo.com/evt=49980/*http://tv.yahoo.com/collections/265 > > (and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list. > <http://us.rd.yahoo.com/evt=49980/*http://tv.yahoo.com/collections/265 > > -- Best Regards Triaji Prio Pratomo Program Officer Consultancy and Continuing Education (CCE) Division Sampoerna-ITB School of Business and Management Sampoerna Strategic Square, Tower B, 8th Floor Jl. Jenderal Sudirman Kav. 45 Jakarta 12930 Indonesia Phone: + 62 21 577 0130 Fax : + 62 21 577 0140 http://www.sampoernasbm.itb.ac.id/ __________________________________________________ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com

