Kang Nang alhamdulillah tos 9 sasih di gedong anyar teh borojol si internet 
teh....enya ge nu ngaborojol teh keong...internet na meni nyalse pisan, eta ge 
bari lup lep, sering ngareles...hanas di dagoen pek teh..teu jebul deui. 
Heu...heu..ieu tea nu ngandelkeun pasilitas kantor. Pami dirorompok ge kapeung 
sok ngakses ngan eta mah hususon janten tukang toong we, da ari janten tukang 
kompor mah pulsa na teu kabedag (ceuk barudak mah mun bapa meunang nginternet 
atuh barudak ge kaci nginternet, jadi we pulsana nikel).
   
  Dilajeng atuh Kang Nang......ayo maaaang!
   
  JP

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Aeh..
Aya Kang Tirta geuning ? kumaha dadang ? nuhun atuh damang mah..
alhamdulillah abdi ge Nanang.
heu heu

-dul-
tukangkompor

--- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Rampes,
> Ari keur sim kuring mah lain mending teu mending ieu mah 
kanyataan we. Kulantaran di Jakarta mah nu diajarkeun ka barudak teh 
basa Indonesia tuluy basa Inggris, nya daek teu daek basa Sunda 
diajarkeun sorangan di imah. Tapi lantaran duk dek waktuna beak ku 
gawe jadi nyaan basa sunda teh nomer tilu keur barudak. Sim kuring 
mah teu luhur teuing kahayang teh pokona mah ulah jadi gigih teu aya 
basa nu kacekel hiji-hiji acan atawa campur aduk teu pararuguh. 
> 
> salam
> JP
> 
> 
> ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sampurasun, wilujeng weungi warga USNET umumna,
> 
> Atuh teu hilap ka kang Waluya nu ngagugulung wae buku fisika 
bari jeung teu pinter-pinter, atuh ka teh Ika anu buburuh nepi 
kasubuh kuli nepi ka wanci janari untuk sesuap nasi, ka Ambu anu 
asli bumen-bumen didaerah bronx na bandung oge anu sok malipir 
daerah kumuh, kucel, kumel daerah Cicadas, Sukaluyu, Cihaurgeulis, 
Cicaheum, oge teu hilap akang anu nuju sakola adminsitrasi diluar 
negri anu engkena janten MBA (Master Bari Andekak), atuh ka nonoman 
sunda nu karasep anu gareulis, anu mahasiswa anu mahasiswi, anu 
ngalanggur mang taun-taun anu resep mukaan www.lalatX.com, nya kitu 
oge anu pentingnamah ka kang Sidik anu obsesina palay janten 
pejabat, duh cape yeuh ditataan hiji-hijimah, kasadayana we urang 
Sunda nu pangangguran lebet ieu milist. Pribados bade ngadongeng, 
kieu dongengna.
> 
> Bahasa Inggris teh dijaman kimari jadi bahasa anu paling 
penting, sabab jadi hiji alat komunikasi verbal anu paling canggih, 
paling gampang, kusabab kitu sok ayeunamah urang sunda teh beralih 
ka basa Inggris supaya basa inggris paling heunteu jadi basa kadua 
saeunggeus basa Indonesia. 
> 
> Ari basa sunda dimana ayana ? Tong sieun baraya, basa sundama 
otomatis matri dina diri orang Sunda,pasti dipake dina komunikasi 
sabangsana, artina teu kudu dipelajari deui da etamah otomatis napel 
dina letah. Jeung deui geus teu jamana make basa Sunda anu undak 
usukna matak ngaripuhkeun anu make, anu jelasmah anu otomatis napel 
kana diri teh basa Sunda anu basajan. Jadi lamun hayang basa sunda 
dipakai dina basa pergaulan luas ditatar sunda, justru kudu terus 
disaderhanakeun, supaya ceuk jawanamah "Kromo ingggilna" heunteu 
dominan. Nu pentingna mah sakali orang Sunda kamana wae pasti 
ngomong sunda jeung baturna.
> 
> Balik deui kana basa Inggris, basa inggris teh keur kahirupan 
modern bener-bener unggul, contona we, hiji awewe orang sunda anu 
jadi babu di mancanagara modalna hiji nya kudu bisa basa Inggris, 
bayangkeun ku bisana basa Inggris manehna bisa naekeun harga jual, 
tina ngababu di orang sunda deui nu ngan dibayar 250 rebu perak 
sabulan, atawa di orang cina anu dibayar 500 rebu perak sabulan, 
waktu ngababu di Amerika bisa dibayar US $ 8/sajam kira-kira US $ 
1000/bulan kira-kira 9 juta perak sabulan.
> 
> Loba contona pentingna basa inggris teh. 
> 
> Kang Ibing orang Bandung moal bisa diundang jadi penceramah 
agama di Sindey Australia lamun bisana ngan bisa basa sunda, tapi 
manehna kapaksa kudu bisa basa Inggris, mangga taroskeun ka kang 
Ibing atuh. 
> 
> Atuh Mohamad Joban disingkat M Joban, asli orang Sunda, orang 
pasar rebo Purwakarta, anjeuna bubuara di Amerika tos aya belasan 
tahun (pemegang Green Card), ayeuna anjeuna janten Presiden of Imam 
and Fatwa for Wasighton State oge modalnya nya basa Inggris. tapi 
basa Sundana teu leungit. Kantos sakali abdi ngadangukeun ceramahna 
di hiji lapangan Seattle, WA. jamaahna nya bermacam-macam. Basa 
inggrisna norolang, tapi saatos ceramahmah, abdi nepangkeun yen abdi 
orang Bandung anu nuju jalan-jalan ngalongok pun lanceuk, der teh 
anjeuna nyarios nganggo sunda Purwakartaan anu norolang, eh tidinya 
der limaan genepan, tujuhan jadi belasan anu ngariung ngobrol basa 
Sunda, malah der hiji, dua tilu bule-bule USA ngabodor cenah abdi 
oge Urang Sukabumi Asli (USA), matak kayungyun bule ngabodor make 
basa sunda, kutan teh manehna tahunan di Sukabumi (janten peneliti 
geologi, deur meunangkeun urang sukabumi, putra-putrana oge basa 
sundana teu goreng-goreng teuing, nu hebatnamah
> perpaduan USA + Sukabumi teh menghasilkan Indo nu geulis tur 
kasep). Duh matak waas di hiji lapangan di ujung dunya anu tiis, 
masyarakatna ngobrol basa sunda, make terus bobodoran khas sunda tea 
anu rada jorang, 
> 
> Atuh upami para wargi palay uninga M Joban orang pasar rebo anu 
janten da'i di USA anu janten President of Imam sanaga bagia WA, 
mangga we search di yahoo/google nganggo "M Joban Seattle", jamaahna 
dugi ka Houston anu jauhna rebuan mil ti Seattle. Ajeuna 
sukses "menunjukan bahwa ada Islam" didunia ini.
> 
> Balik deui kana basa Inggris.
> 
> Basa Inggris memang kacida peuntingna keur urang sunda anu 
hayang muka diri kana pengetahuan, sabab urang teu cukup diajar di 
bandung di UPI (Universitas Padahal IKIP) atawa di Universitas 
Garut, lamun ngelmuna ngandelkeun tipaguron model kitu wungkul atawa 
didinya wungkul bisa dipastikeun elmuna nya kitu-kitu wae, UPI, 
Universitas Siliwangi, Universitas Garut jeung sajabana ngan 
ngahasilkeun nonoman beban nagara. Lamun urang kitu wae tong salah 
lamun hasilna nya masyarakatna jiga kieu, ngaligeuh euweuh gawe, 
ngan ngahasilkeun pangangguran tiap tahun, atuh antukna nya prustasi 
nya balik deui jadi ngored ata ngebon cara tradisional tea. Atuh 
pejabatna paling luhur jiga kang Sidik anu kurung batok, anu teu 
bisa mencar (basa budak ayeunama Creative and Inovative), anu teu 
leuwih ti jadi pejabat jaman samemehna nyaeta jelema loba kasieun, 
saurna oge ka atasan teh kumaha bapa we anu pentingmah abdi tiasa 
emam, naek pangkat terus jeung teu dipecat, tujuana engke meunang
> pensiun di usia 55 - 63 tahun (kitu pan jadi pegawai negrimah).
> 
> Basa Inggris, asupkeun kana kurikulum SD, guruna tong sieun, di 
Bandungmah pabalatak, eta lulusan UPI anu ngalanggur pabuih, meuning 
titah ngajar SD di desa-desa, maranehna Insya Allah daraekeun 
dibayar UMR oge, daripada ngaligeuh atawa ngajentul hareupeun hawu 
atawa surfing lalatX.com.
> 
> Ti mana mayarna ? Tah ieu bagian ka Sidik anu mikirna lamun 
hayang ningkatkeun diri jadi pejabat anu Creative and Inovative. 
Emut saderek Jawabarat teh sumber uang. Di Jawabarat tempat 
ngumpulan jelema beunghar anu koret, medit, meregehese. Sok atuh 
bagian kang Sidik eh punten, maksad teh bagian pejabat sapertos ka 
Sidik anu ngorehan timana sumber dananya ti jalmi baleunghar tea 
dalam bentuk pajak . Omat kang ulah baramaen ti pemerentah pusat, 
sabab etateh duit upeti ti Propinsi luar jawa anu diperes anu 
kabeneran masyarakatna ayeuna masih leuwih barodona ti urang sunda, 
jadi can berkutik diperes ku pemerintah pusat teh. karunya lah.
> 
> Abdimah resep lamun ninggali USA, Inggris, Australi, Jerman 
jsb. Sakola teh gratis pisan, jadi sakabeh anggauta masyarakat 
meunang hak anu sarua keur minterkeun diri, jadi boga kasempetan anu 
sarua keur ningkatkeun harga jualna, jumlah sakola oge teu loba, 
sacukupna keur masayrakatna.
> 
> Iraha di Jawabarat jiga kieu nya ? 
> 
> Anu bingungmah di Jawabarat Sakola durder mencengis jiga suung, 
lain lapangan kerja anu dibangun teh, kudunamah industri anu 
dibangun kalah ieumah sakolana heula, padahal sakolamah otomatis 
mecenghul lamun setiap masyarakatna digawe. Ieu geura contona di 
garut aya Universitas, teu kabayang hasilna sarjanana jiga kumaha ? 
ITB wae anu kahot panghadena sa Indonesia oge ngan nepi ka urutan 
250 dinya ukuran dunyamah. Tapi lain eta anu pentingnamah, keun we 
berdirimah da enggeus, artina ngajieun lapangan kerja keur para 
lulusan PT anu rada OK, anu harayang jaragi guru di paguron luhur, 
keun we di paguron asal jadi oge. Atuh ayeunamah urang mikir 
kahareupna ieu alumnina rek dikumahakeun, elmuna ngan sakitu-kituna, 
ngan sadiberena di pagurona, bari teu maca sumber aslina dan teu 
becus basa inggris tea. Naha ieu lulusan dititah ngarangon meri wae 
kitu atawa jaradi anggauta DPRD atawa jaradi pagawe pemda.
> 
> Atuh sakieu heula we pancinganana, cing sugan aya warga USNET 
anu mikir ..........
> 
> Insya Allah sasih payun pribados tos tiasa ngangganggu deui 
warga USNET anu pangangguran tea.
> 
> wass
> Elly Evalita.
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> We won't tell. Get more on shows you hate to love
> (and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list. 
> 
> 
> 
> 
> Makarya Mawa Raharja
> 
> 
> ---------------------------------
> Don't get soaked. Take a quick peek at the forecast 
> with theYahoo! Search weather shortcut.
>



         


Makarya Mawa Raharja

 
---------------------------------
Don't get soaked.  Take a quick peek at the forecast 
 with theYahoo! Search weather shortcut.

Kirim email ke