dear,

bener ua waluya,... eta teh sigana mah,... teuing naon kasebutna hehehehe.... 



  ----- Original Message ----- 
  From: waluya56 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, March 26, 2007 12:51 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: Mending diajar basa Inggris tibatan diajar basa 
sunda


  Tah ...."Ny. Muslim bin Mustikawati" ala Kusnet kaluar deui. Terang 
  henteu "Ny. Muslim bin Mustikawati"? di millis2 bahasa Indonesia, 
  aran ieu geus teu bireuk deui. Loba nu katipu, da tulisanana siga nu 
  heueuh. Kadang2 ngagogoreng Islam, geus kitu ngagogoreng Indonesia, 
  tapi Kristen oge teu kaliwat digogoreng. Lamun teu salah mah, kungsi 
  aya anggota Kusnet nu "kaduruk hatena", pedah ceukk posting " Ny. 
  Muslim", Borobudur rek dibongkar. Gaya tulisan ELY EVALITA oge ampir 
  sarua, Narcist cenah ceuk Teh Ligya mah. ELY EVALITA ngaku jalan-
  jalan ka Amerika, Ny. Muslim oge ngaku cicing di Amerika. 

  Naon sababna kuring protes? kahijina manehna nyigeung kuring (lain 
  psotingan ieu wae, geus sababaraha kali), bari kuring teu wanoh 
  saeutik-eutik acan. Manehna oge teu apaleun ka kuring, da make 
  nyebut kuring guru Fisika sagala. Kitu deui ka Ua Siddik, nu sacara 
  kurang ajar disebut hayang jadi pejabat. Saha nu teu kasigeung 
  diomongkeun dirohangan publik jiga kitu? Teu sadayana urang KUSNET 
  apal ka kuring atawa ka Ua Siddik, bisa wae aya nu percaya. 
  Ngawurkeun fitnah pan eta teh namina?

  Kaduana, tulisan ELY EVALITA, loba ngawur, teu puguh. Tulisanana 
  ngaguruan (menggurui) batur. Manehna guru, nu maca murid nu belegug 
  kabeh. Lamun padungdengan, heug kasedekeun, jalma kieu, biasana lain 
  neangan argumen anu leuwih kuat keur pamandegan manehna, tapi terus 
  nyerang pribadi nu diajak padungdengan (bari teu apal saha nu diajak 
  padungdengan teh).

  Tah eta alesan2 kuring teh. Eta mah nyanggakeun we ka para Kuncen, 
  naha bade diantep wae, sina millis rame, saperti millis2 bahasa 
  Indonesia, nu ngantep Ny. Muslim bin Mustikawati ngacapruks kamana-
  mendi atawa difilter heula, margi ari Kusnet mah (ieu mah ceuk 
  kuring) rada beda, lain millis keur silih segag ngaguar-guar 
  kagorengan pribadi masing2.

  Hampura ...bisi salah kecap.

  Baktos,
  WALUYA

  --- In [email protected], ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> 
  wrote:
  >
  > Aduh nyaan yeuh, tetela geuning akang-akang anu karasep mah sunda 
  pituin atawa sunda jaman baheula anu resep dipuji, mun dipuji tea 
  sor sagala dipasihkeun.



   

Kirim email ke