Tah  gening, sim kuring mah resep upami aya nu tiasa nyandak kasimpulan sejen 
tina  tulisan  pamadegan anu lian.Henteu malulu kacandak emosi "massa".
  Salah sahijina kang Jalakpakuan  anu tos tiasa  narik kasimpulan sejen tina 
eusi tulisan kang( teh kitu? ) Ely.
  Nuhun ah kang. Ieu nandakeun aya wacana demokratis.
   
  Teu kedah ningali saha anu nulisna, tapi upami eusina  tiasa ngabangkitkeun  
inspirasi kangge kamajuan ki sunda , nya teu aya lepatna ku urang dibaca. Upami 
urang alim maca tulisanna mah  langsung we didelete, ulah jalmina anu 
ditalapung.Margi  dina perihal millis kanggo umum mah  wajar pisan aya anu pro 
sareng kontra teh.
  Janten upami kontra kana eusi tulisan salah sawios anggota millis ulah teras 
anggota millis eta ditalapung, margi tangtos aya nu prona oge tah kana eusi 
tulisanna.
  Demokratis we nya saena mah.
   
  Upami  numutkeun penilaian sekelompok  anggota   tulisanna rada "culangung", 
nya  urang leukeunan we atuh urang paparin pamadegan sejen  sangkan kapayunana 
tulisanna ulah    karaosna  "culangung" deui. Kitu oge upami  satujueun anu  
gaduh pamedegan sanesna.
   
  Nuhun kang Jalak pakuan , saha atuh jenengan  aslina teh ?. Kitu deui teh 
/Kang Ely  saha jenengan pamasihan ibu rama anjeun teh? .
   
  Wassalam
  
Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Baraya, diluar bubuka nu nyambit sababaraha wargi, ieu tulisan Sdrk 
Lita matak reuwas keur kuring mah sabab aya sababaraha fakta nu perelu 
ditengetkeun.
   
  Ieu tulisan teh dasar pisan ngeunaan posisi basa sunda, kamana fungsi basa 
sunda jeung fungsi/peran urang sunda kiwari jeung kahareup? Diadukeun jeung 
fungsi basa Inggris jeung nembongkeun US nu ngafungsikeun basa Inggris kalayan 
teu ninggalakeun basa sunda. Nyaan ieu mah tantangan nu teu euleum-euleum keur 
sim kuring pribadi (asana mah relevan mun jadi tantangan keur US balarea);
   
  Sdrk Lita  maca masalah diluhur ku mere conto "teu jelasna" arah atikan nu 
aya di tatar sunda. Lain nyepelekeun paguron luhur nu disambit, tapi urat 
badagna memang asa teu jelas lobana paguron di tatar sunda dikaitkeun jeung 
naekkeun kualitas urang sunda (lulusan nu mandiri vs jadi beban?). Tambahan 
deuih nanya nu seukeut, naha bet paguron nu dilobakeun lain lapangan kerja? Ieu 
metot ka pikiran kuring parobahan di Bandung sabeundeureun nu asalna daerah 
industri nu lalaunan geuning jadi kota dagang/wisata. Nu asalna nampung loba 
tanaga pagawe jadi saeutik tanaga pagawe.
   
  Aya kontroversi naha US teh miskin atawa baleunghar tapi pedit? Ieu oge nu 
jadi pamikiran sim kuring ahir-ahir ieu. Sok ras inget basa musibah tsunami di 
pakidulan, Kulawargi Jabar di Jkt ngagalang neangan dana, harita targetna cukup 
1 milyar. Naaaa ari kamari urang minang keur ngubaran tina musibah lini, 
jeleger bisa 20 milyar!
   
  Eta tilu hal/pesen nu penting numutkeun sim kuring nu aya dina tulisan Ely 
Evalita nu keur sim kuring mah masalah nu dadasar pisan, beda jeung nu kaala 
basa ti heula macana saliwat.
   
  Nuhun ah,
  JP
   
  

ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Sampurasun, wilujeng weungi warga USNET umumna,
   
  Atuh teu hilap ka kang Waluya nu ngagugulung wae buku fisika bari jeung teu 
pinter-pinter, atuh ka teh Ika anu buburuh nepi kasubuh kuli nepi ka wanci 
janari untuk sesuap nasi, ka Ambu anu asli bumen-bumen didaerah bronx na 
bandung oge anu sok malipir daerah kumuh, kucel, kumel daerah Cicadas, 
Sukaluyu, Cihaurgeulis, Cicaheum, oge teu hilap akang anu nuju sakola 
adminsitrasi diluar negri anu engkena janten MBA (Master Bari Andekak), atuh ka 
nonoman sunda nu karasep anu gareulis, anu mahasiswa anu mahasiswi, anu 
ngalanggur mang taun-taun anu resep mukaan www.lalatX.com, nya kitu oge anu 
pentingnamah ka kang Sidik anu obsesina palay janten pejabat, duh cape yeuh 
ditataan hiji-hijimah, kasadayana we urang Sunda nu pangangguran lebet ieu 
milist. Pribados bade ngadongeng, kieu dongengna.
   
  Bahasa Inggris teh dijaman kimari jadi bahasa anu paling penting, sabab jadi 
hiji alat komunikasi verbal anu paling canggih, paling gampang, kusabab kitu 
sok ayeunamah urang sunda teh beralih ka basa Inggris supaya basa inggris 
paling heunteu jadi basa kadua saeunggeus basa Indonesia. 
   
  Ari basa sunda dimana ayana ? Tong sieun baraya, basa sundama otomatis matri 
dina diri orang Sunda,pasti dipake dina komunikasi sabangsana, artina teu kudu 
dipelajari deui da etamah otomatis napel dina letah. Jeung deui geus teu jamana 
make basa Sunda anu undak usukna matak ngaripuhkeun anu make, anu jelasmah anu 
otomatis napel kana diri teh basa Sunda anu basajan. Jadi lamun hayang basa 
sunda dipakai dina basa pergaulan luas ditatar sunda, justru kudu terus 
disaderhanakeun, supaya ceuk jawanamah "Kromo ingggilna" heunteu dominan. Nu 
pentingna mah sakali orang Sunda kamana wae pasti ngomong sunda jeung baturna.
   
  Balik deui kana basa Inggris, basa inggris teh keur kahirupan modern 
bener-bener unggul, contona we, hiji awewe orang sunda anu jadi babu di 
mancanagara modalna hiji nya kudu bisa basa Inggris, bayangkeun ku bisana basa 
Inggris manehna bisa naekeun harga jual, tina ngababu di orang sunda deui nu 
ngan dibayar 250 rebu perak sabulan, atawa di orang cina anu dibayar 500 rebu 
perak sabulan, waktu ngababu di Amerika bisa dibayar US $ 8/sajam kira-kira US 
$ 1000/bulan kira-kira   9 juta perak sabulan.
   
  Loba contona pentingna basa inggris teh. 
   
  Kang Ibing orang Bandung moal bisa diundang jadi penceramah agama di Sindey 
Australia lamun bisana ngan bisa basa sunda, tapi manehna kapaksa kudu bisa 
basa Inggris, mangga taroskeun ka kang Ibing atuh. 
   
  Atuh Mohamad Joban disingkat M Joban, asli orang Sunda, orang pasar rebo 
Purwakarta, anjeuna bubuara di Amerika tos aya belasan tahun (pemegang Green 
Card), ayeuna anjeuna janten Presiden of Imam and Fatwa for Wasighton State oge 
modalnya nya basa Inggris. tapi basa Sundana teu leungit. Kantos sakali abdi  
ngadangukeun ceramahna di hiji lapangan Seattle, WA. jamaahna nya 
bermacam-macam. Basa inggrisna norolang, tapi saatos ceramahmah, abdi 
nepangkeun yen abdi orang Bandung anu nuju jalan-jalan ngalongok pun lanceuk, 
der teh anjeuna nyarios nganggo sunda Purwakartaan anu  norolang, eh tidinya 
der limaan genepan, tujuhan jadi belasan anu ngariung ngobrol basa Sunda, malah 
der hiji, dua tilu bule-bule USA ngabodor cenah abdi oge Urang Sukabumi Asli 
(USA), matak kayungyun bule ngabodor make basa sunda, kutan teh manehna tahunan 
di Sukabumi (janten peneliti geologi, deur meunangkeun urang sukabumi, 
putra-putrana oge basa sundana teu goreng-goreng teuing, nu hebatnamah
 perpaduan USA + Sukabumi teh menghasilkan Indo nu geulis tur kasep). Duh matak 
waas di hiji lapangan di ujung dunya anu tiis, masyarakatna ngobrol basa sunda, 
make terus bobodoran khas sunda tea anu rada jorang, 
   
   Atuh upami para wargi palay uninga M Joban orang pasar rebo anu janten da'i 
di USA anu janten President of Imam sanaga bagia  WA, mangga we search di 
yahoo/google nganggo "M Joban Seattle", jamaahna dugi ka Houston anu jauhna 
rebuan mil ti Seattle. Ajeuna sukses "menunjukan bahwa ada Islam" didunia ini.
   
  Balik deui kana basa Inggris.
   
  Basa Inggris memang kacida peuntingna keur urang sunda anu hayang muka diri 
kana pengetahuan, sabab urang teu cukup diajar di bandung  di UPI (Universitas 
Padahal IKIP) atawa di Universitas Garut, lamun ngelmuna ngandelkeun tipaguron 
model kitu wungkul atawa didinya wungkul bisa dipastikeun elmuna nya kitu-kitu 
wae, UPI, Universitas Siliwangi, Universitas Garut jeung sajabana ngan 
ngahasilkeun nonoman beban nagara. Lamun urang kitu wae tong salah lamun 
hasilna nya masyarakatna jiga kieu, ngaligeuh euweuh gawe, ngan ngahasilkeun 
pangangguran tiap tahun, atuh antukna nya prustasi nya balik deui jadi ngored 
ata ngebon cara tradisional tea. Atuh pejabatna paling luhur jiga kang Sidik 
anu kurung batok, anu teu bisa mencar (basa budak ayeunama Creative and 
Inovative), anu teu leuwih ti jadi pejabat jaman samemehna nyaeta jelema loba 
kasieun, saurna oge ka atasan teh kumaha bapa we anu pentingmah abdi tiasa 
emam, naek pangkat terus jeung teu dipecat, tujuana engke meunang
 pensiun di usia 55 - 63 tahun (kitu pan jadi pegawai negrimah).
   
  Basa Inggris, asupkeun kana kurikulum SD, guruna tong sieun, di Bandungmah 
pabalatak, eta lulusan UPI anu ngalanggur pabuih, meuning titah  ngajar SD di 
desa-desa, maranehna Insya Allah daraekeun dibayar UMR oge, daripada ngaligeuh 
atawa ngajentul hareupeun hawu atawa surfing lalatX.com.
   
  Ti mana mayarna ? Tah ieu bagian ka Sidik anu mikirna lamun hayang 
ningkatkeun diri jadi pejabat anu Creative and Inovative. Emut saderek 
Jawabarat teh sumber uang. Di Jawabarat tempat ngumpulan jelema beunghar anu 
koret, medit, meregehese. Sok atuh bagian kang Sidik eh punten, maksad teh 
bagian pejabat sapertos ka Sidik anu ngorehan timana sumber dananya ti jalmi 
baleunghar tea dalam bentuk pajak . Omat kang ulah baramaen ti pemerentah 
pusat, sabab etateh duit upeti ti Propinsi luar jawa anu diperes anu kabeneran 
masyarakatna ayeuna masih leuwih barodona ti urang sunda, jadi can berkutik 
diperes ku pemerintah pusat teh. karunya lah.
   
  Abdimah resep lamun ninggali USA, Inggris, Australi, Jerman  jsb. Sakola teh 
gratis pisan, jadi sakabeh anggauta masyarakat meunang hak anu sarua keur 
minterkeun diri, jadi boga kasempetan anu sarua keur ningkatkeun harga jualna, 
jumlah sakola oge teu loba, sacukupna keur masayrakatna.
   
   Iraha di Jawabarat jiga kieu nya ? 
   
  Anu bingungmah di Jawabarat Sakola durder mencengis jiga suung, lain lapangan 
kerja anu dibangun teh, kudunamah industri anu dibangun kalah ieumah sakolana 
heula, padahal sakolamah otomatis mecenghul lamun setiap masyarakatna digawe. 
Ieu geura contona di garut aya Universitas, teu kabayang hasilna sarjanana jiga 
kumaha ?  ITB wae anu kahot panghadena sa Indonesia oge ngan nepi ka urutan 250 
dinya ukuran dunyamah. Tapi lain eta anu pentingnamah, keun we berdirimah da 
enggeus, artina ngajieun lapangan kerja keur para lulusan PT anu rada OK, anu 
harayang jaragi guru di paguron luhur, keun we di paguron asal jadi oge. Atuh 
ayeunamah urang mikir kahareupna ieu alumnina rek dikumahakeun, elmuna ngan 
sakitu-kituna, ngan sadiberena di pagurona, bari teu maca sumber aslina dan teu 
becus basa inggris tea. Naha ieu lulusan dititah ngarangon meri wae kitu atawa 
jaradi anggauta DPRD atawa jaradi pagawe pemda.
   
  Atuh sakieu heula we pancinganana, cing sugan aya warga USNET anu mikir 
..........
   
  Insya Allah sasih payun pribados tos tiasa ngangganggu deui warga USNET anu 
pangangguran tea.
   
  wass
  Elly Evalita.
   
    
   
   



  
---------------------------------
  We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.   





  Makarya Mawa Raharja
    
---------------------------------
  Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.  

         

 
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke