He...he....punten ieu mah sanes masalah balad, babaladan...Kahayang mah buah 
teh kawas buah gincu, hade cangkang ngeunah eusina. Tapi mun disodorkeun kadu 
pan kudu mikir kumaha misahkeun eusi ka cangkangna. Balik ka masalah "kadu" 
dina milis, nya hiji-hijina cara kedah di"filter", ulah langsung dipiceun lebar 
kana eusina. Kumaha "milteranana?" tah eta jadi tantangan urang sadaya neangan 
"kumaha carana". Tah ieu mah asup kana pasal seurieuuuus....lain gogonjakan 
atawa bobodoran.
   
  salam
  JP
   
  Catetan:
  Pami "intro" nu kamari ka"filter" asana moal jadi masalah. Keur sim kuring 
mah kumargi "kenal" ka para sepuh nu disambit, ah teu ditanggap we tulisan Teh 
Ely teh, najan kitu tetep perlu difilter supaya teu jadi "fitnah", saluyu 
sareng pamadegan Bah Willy.
   
  

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
              Aeh, Kang Dudi…pangsiunan RT nu di Sudan tea nyaa? 
heheh...nepangkeun abdi Roro.
  Muhun ari diemut-emut mah leres, tong sok tulupang-talapung ka batur, da 
anjeuna mung saukur ngiripik saur Kang Toni tea mah…eh, ngiritik. 
   
  Salaku urang Sunda abdi ge nampi kana sagala kritik Teh Ely, urang Sunda teh 
aya awona tapi seueur oge saena, tapi sami sareng Kang Dudi, teu resepna teh 
kana “ngajejeleh” baraya Kusnet jaba ditataan hiji-hiji, hawatos. Mun mending 
leres, mun henteu? Saur Bah Willy tea mah fitnah! Ari saur urang Batawi tea mah 
ka Teh Ely,”Emang, siapa elo?!!! heheh….
   
  Ari di Sudan aya news dot com teu? Tah, pami siga Aa Pendi (Effendi Gozali) 
mah mangga, dipedar, dipadungdengkeun saena kumaha? Abdi mah kajeun tunduh, 
unggal malem Senen, sok ngahajakeun cinutrung payuneun TiPi nongton eta acara. 
Ni reueus abdi mah …aya urang Sunda siga anjeuna, motekar, nyindiran bin 
nyepetan pamarentah ku ngabodor. Nu ngiritik puguh bungkeuleukanana, PhD 
deuih…jaba bujangan keneh (eh, naha jig-jig kadinya? heheh…)  Kamari ge kantos 
kenging somasi ti gegeden (menkominfo), tapi seueur nu resepeun kana acara ieu, 
kalebet abdi. Acara eta dipuji dugi ka urang luar nagreg, dugi ka aya 
sababaraha setasion TiPi ti luar nagreg nu “ngaliput” acara ieu.
   
  Ku lantaran menkominfo “nyanggakeun” sadaya-daya kaputusan aya di rayat, 
rayatna resepeun, nya teu cios liren. Tah, kumaha supados teu “babaladan” (tos 
gaduh balad sanes? Kang Jalak Pakuan, Kang Toni…saha deui?) antawis nu satuju 
sareng teu satuju “nalapung” Teh Ely, demokrasi tea urang adegkeun?....tapi 
ketang, hese di dunya goib kieu mah…Ah, nyanggakeun…uka ah moek..(tau ah, 
gelaaapp…) heheh.
  
  punten ah, rada seukeut...pisss meeen....
  ro2
   

   
  >>> [EMAIL PROTECTED] 03/26/07 12:03PM >>>
    Ari sim kuring mah asa teu ningali kang Ely ijid kana kasundaaan atawa kana 
 basa sunda, tapi anjeunna mintonkeun pamadegannana sanggeus  nyoba ngotektak 
ti  sisi sejen  tina sabagean karakter/kaayaan  bangsa urang, khususna ki 
sunda. Analisana aya nu bener, satengah bener jeung  bisa wae nyalahan. Wajar 
ngaranna ge pamadegan .
   
  Keur ngadegkeun  demokrasi mah  alus pisan padungdengan samodel kieu teh. ...

  

         


Makarya Mawa Raharja

 
---------------------------------
Don't get soaked.  Take a quick peek at the forecast 
 with theYahoo! Search weather shortcut.

Kirim email ke