Asana masalahna lain basa Sunda vs basa Inggris. Ieu mah kumaha carana US "go
international" tapi tetep nyunda. Misalna nga"massal"keun Mochtar
Kusumaatmadja, jago basa deungeun tapi tetep nyunda.
JP
totong usman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baheula acan 2 abad katukang, urang eropa (+inggris) osok make
basa latin lamun nulis ilmiah
Tara make basa inggris, jigana can saabad dunya make bahasa inggris eukeur
bahasa internasional,
Kayakinan simkuring lamun amerika(inggris+Australia) kateter boh dina ekonomi
anapon militer, jigana jelma bakal poho kana bahasa inggris teh
Jiga jelema poho kana bahasa laten, coba rugi tah diajar bahasa batur ari pek
teh teu kapake, mending make bahasa sunda..............................
Ngarah urang nyaho kana dirina, lamun urang nyaho kana dirina tangtu bakal
nyaho ka
gustina........................................................................
Tempat urang balik jaga ning jaga, ngan teuing iraha-irahana
mah...................................................................................................................
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of dudi
mulyadi
Sent: Monday, March 26, 2007 12:03 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] : Mending diajar basa Inggris tibatan ....=> Ijid
,teu ijid=> demokratis
Ari sim kuring mah asa teu ningali kang Ely ijid kana kasundaaan
atawa kana basa sunda, tapi anjeunna mintonkeun pamadegannana sanggeus nyoba
ngotektak ti sisi sejen tina sabagean karakter/kaayaan bangsa urang,
khususna ki sunda. Analisana aya nu bener, satengah bener jeung bisa wae
nyalahan. Wajar ngaranna ge pamadegan .
Keur ngadegkeun demokrasi mah alus pisan padungdengan samodel kieu teh.
Ngan hanjakalna teh kang Ely teu wani mintonkeun yen dirina teh saha jeung
eta sok nunjuk irung batur. Sok sanajan nu ditunjuk teh bisa bener kitu ayana
, ( komo mun nyalahan mah), etikana mah atuh kudu wani papada muka saha
dirina. Jeung deui ulah dipedar di millis ieu. Mun rek dipedar oge ulah rek
nunjuk irung si A , si B na. Cukup ku nunjukeun talajakna we , bari alusna
mah nunjukkeun oge kumaha alusna ( ceuk pamadeganna, can can puguh akus ceuk
batur). Nu leuwih penting pisan nyaeta contoan kumaha prak prakkan dina
kahirupan sapopoe.Ulah ngan saukur omdo wungkul.
Tapi pikeun kuring mah, aya alusna pikeun bahan pikeun introspeksi diri lah.
Salian ti kitu, sigana teu kudu nepi ka kang Ely "ditalapung " tina milis
ieu.
Mun urang nepi ka nalapung anjeunna, urang hartina geus nutup diri tina
ngadengekeun pamadegan batur.Pan urang teh masing masing miboga ceuli 2 siki
sewang , sedengkeun baham mah ngan sahiji. Hartina alamiahna urang kudu rea
ngadengekeun tibatan nyarita. Keun we caritaan anu matak nyentug kana hate
mah, anggap wae anjeunna can aya nu ngajar kumaha umumna batur nyarita. Sugan
upama terus icik kibung dina milis ieu , aya oge pulunganeun keur anjeunna.
Upama ujug ujug ditalapung mah , bisi wae nurutkeun nurani ,urang kaasup kana
kategori nutup diri atawa angkuh alias sombong. Pan salah sahiji ciren jalma
anu sombong teh, embung ngadenge omongan batur, atawa kumaha karep urang
sorangan (golongan) we, batur (golongan sejen) mah euweuh nu bener. Sugan we
atuh sok sanajan kang Ely kitu talajakna, aya keneh bebeneran anu bisa ku
urang dipulungan.
Wayahna we kanu katunjuk irung, kasebat ngaran, sing percanten keur anggota
milis sejen moal nepi sajalantrahna nyimpulkeun anu ditulis ku kang Ely teh
bener 100%.Teu kudu hariwang.Da anggota kusnet teh sanes ikan lumba lumba , anu
"bisana" teh kulantaran dibere nyaho wungkul ku pelatihna . Anggota kusnet
mah miboga uteuk oge nurani
Ka kang Ely sok atuh muka diri. Saha anjeun teh sabenerna.
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Heheh
dipikir-pikir mah baraya teh balalodor, geuleuh bin sono
alias Benci tapi Rindu ka Teh/Kang Ely teh
Ari teu aya
. disauran, dipiliarian teu sidikna dikotektak, dikobetan dugi
ka kolong-kolong
heuheu
Tos aya, anjeuna nyerat sapajang-panjang, bari kersaan
ngabsenan hiji2 teu he love nu awonna dipedarkeun bari jeung teu kantenan
leresna
Aya nu surak, asa resep aya nu ngaramekeun deui. Aya nu barendu, da ketang
teu rumaos tea
cigana pami dina bahasa komputer tea mah Teh/Kang Ely teh tos
on board nyariosna kitu ti dituna.
Leres saur Wa Sidik timanan meak-meak tanaga & pikiran ngetik na basa
Sunda, bari jeung ijid, teu resep, prustasi
jrrd. Ningan permios geura...da
geulis/da kaseph... ke dirupus manten ku kuncen..heheh.
Ke heula ketang, ari lalatX.com teh naon? Di dieu mah diblok euy
sarupaning
lalaleuran? (punten kuper abdi mah daaa...)
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 03/26/07 10:29AM >>>
Sim abdi mah moal panjang-panjang mairanana
ieu milis diayakeun pikeun ngumulule kaSundaan, hartosna ;
- pikeun wargi Sunda anu reueus kana kaSundaanana,
- wargi/etnis non-Sunda anu hoyong Nyunda.
upami saderek Ely teu resep/prustasi janten urang Sunda/ijid ka Sunda, saena
kaluar we ti ieu milis, sa teu acan ditalapung ti ieu milis.
ssw
---------------------------------
We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.
Makarya Mawa Raharja
---------------------------------
Don't get soaked. Take a quick peek at the forecast
with theYahoo! Search weather shortcut.