ieu mah pananya badeur lah: keur naon urang sunda kudu aya? naon mamalana lamun urang sunda euweuh?
dh On 3/27/07, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mending diajar Basa Inggris dibanding Basa Sunda????? Abdi teu ngartos maksadna???? Da saur abdi mah sami2 pentingna..... Basa Inggris penting kanggo milari padamelan, nungtut elmu ti nagara sejen, sareng sajabina Basa Sunda ge penting,diantawisna penting kanggo kapentingan pemeliharaan budaya, da ayana Sunda teh ku ayana Basa Sunda, Mun leungit Basana nya leungit oge Sundana, Sok we geura mun teu nyarios Basa Sunda mah, da sesah ngabentenkeun mana Urang Sunda mana Urang Jawa..da secara fisik mah mirip. Oge deuih, da Diajar Basa Sunda mah Teu Sasesah diajar Basa Inggris....Janten teu aya alesan kanggo hoream diajar Basa Sunda.... --- Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED] <tams_sariman%40yahoo.com>> wrote: _,___
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

