>>> [EMAIL PROTECTED] 03/28/07 12:00PM >>> Heheh*punten kamari abdi lepat nyerat cakeutrek hideung*sering ngadangu mah cakeutreuk hideung. Caket Treuk Hideung (tah nu ieu pami di Indonesiakeun : Dekat Truk Hitam) atanapi caketrek hideung mana nu leres? dua-duana leres pangintennya taah kanggo nambihan elmu urang punten ieu eusian: ieu mah sakaemut abdi....nu beureum mah heureuy... hideung caketreuk/caketrek (?) bodas ngeplak hejo pucuk cau/carulang/camcauh/tikuda/leho Kecap carulang : sakaterang abdi dilarapkeun kana kulit istri nu rupina antawis koneng rada hejo. Kulit raray sapertos kieu biasana sok dikasay sabangsaning dangdaunan, sapertos daun katuk, daun asem, letah buhaya srrd. Aya contona pun bibi (rai pun biang) di lembur, nu sok pirajeunan dikasay. Pami wengi sok dipupuran (wedak saripohatji) sae pisan rarayna janten hejo carulang. beureum siki saga/ati/burahay koneng umyang/waos/eta geuning*nu sok angkleung-angkleungan di solokan.. heuheu* bulao (aya teu) ................. hawuk (aya teu) belewuk kayas (aya oge?) ................... Upami "mere cet koneng" benten panginten sareng "merecet koneng" nya? ahh ieu mah heureuy! tong dilebetkeun kana manah!
Punten panglereskeun pami aya nu lepat, ro2