Kang R, leres sok rada ngahuleng upami maca silsilah di urang. Malah silsilah anu "kumplit" mah, sok dimimitian ti Nabi Adam sagala. Cenah mah nu ngamimitian silsilah2 model kieu teh, Sultan Agung di Mataram. Keur ngalegimanetasi kakawasaanana, perlu oge ngaitkeun karuhun kaditu- kadieu, ngarah rakyat tambah ajrih (jeung sieun).
Duka tah soal silsilah Habib jeung Syarif nu ngaku turunan Kangjeng Nabi langsung. Ceuk beja mah, urang Arab diurang (WNI) kabagi dua strata sosial: golongan luhur, nya nu gaduh gelar "Habib" jeung "Syarif" jeung golongan jalma biasa. Urang Arab di urang umumna asalna ti Hadral maut (Yaman). Tah duka ayeuna di Yaman, naha masyarakatna kabagi-kabagi ku strata sosial siga nu di Indoensia kitu? Cik saha nu terang Yaman? Baktos, WALUYA --- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Balik kapasualan Turunan Nabi Muhammad SAW, raina pun > Aki ti pun biang, gaduh silsilah anu nandakeun > anjeunna teh katuruan ka-17 ti Nabi Muhammad SAW. > (sumberna ti salah sahiji karajaan di Jawa barat, tong > disebatkeun lah bilih aya nu kasigeung). > Upama urang ngurutkeun "berdasarkan" urutan taun Nabi > Muhammad SAW Jumeneng, jeung taun kalahiran pun aki > anu katuruan ka-17 tea (kalahiran taun 1925), rentang > waktuna teh mani asa pamohalan pisan. > Dian aspek masalah ieu, jigan urang kedah rada kritis.

