Munuu teh asanamah dulurna ngadungkuk tapi teu nampuyak
tapi teu sarua jeung melendung
meureun eta ge kapi lain ka muncugug

leng leng ...........



On 3/28/07, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Wilujeng siang Ua,

Upami teu lepat anu ngabewarakeun wirehna di tatar sunda aya empu
Anjani/Hanjani? teh dina buku khusus "perkerisan" karangan urang Solo, hilap
deui judul sareng nami nu nyeratna. Oge hilap deui tipe keris urang Sunda,
duka lup 9 atanapi lup 13. Di Jawa mah aya duanana. Ngan keur abdi jadi
mucunghul rupa2 ka panasaran. Keris teh asalna timana? ti Jawa, Sunda atawa
ti luar pulo Jawa? Ari Kujang kumaha lalakona, bener boga karuhun urang
baheula atawa karek anyar?

Kataji ku perkawis kecap munuu, abdi resep kanu munuu..munuu teh Wa :)
Gening aya babasan nu kieu unina: "disampakeun bakakak nu ngadangkak, bolu
nu munuu". "Bolu meni munuu kitu!" sareng "Ceples apeum euy, munuu!". Upami
kecap "munuu" sami hartosna sareng kecap "muncugug"? Dina bahasa Indonesia
"sangeunahna" panginten tiasa oge ngangge kecap "menggunung" atanapi dina
"peristilahan" kaca eunteung(cermin) atanapi lensa aya kecap "cembung"
sareng "cekung". Munuu langkung condong ka cembung panginten. Panginten kitu
oge!

porenges

------------------------------
It's here! Your new message!
Get new email 
alerts<http://us.rd.yahoo.com/evt=49938/*http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/>with
 the free Yahoo!
Toolbar.

Kirim email ke