Telat ngomentaran "Ely Case" tapi hayang jadi we nulis saeutik ah :)
Teori kabudayaan pop (populer meureun) ... tambah loba nu nanggap, nu ngajejeleh, bakal tambah populer ... Matak cenah lamun hayang kakoncara kamana-mana (punten) kiihan we sumber cai Jam-Jam ... pasti tenar geura ... gelona. Siga baheula aya goyang "ngebor" neng Inul tea .. beuki loba nu ngomentaran beuki we laku tur naek deuih harga na teh padahal mah sorana teu alus-alus teuing. Atawa si Maria Eva tea, putus asa meureun nyanyi teu tenar-tenar wae, der we manehna ngaluarkeun film tea .. anu asalna teu wawuh ge langsung jadi harayang nyaho. Tah siga Ely Evalita, manehna ngawasa elmu siga kieu, jadi sabenernamah elmu komunikasina teh efektif pisan ... buktina ampir kabeh urang babakan ieu hayang nyaho saha mangklukna tur naon deui cenah nu dek ditulis kumanehna. Da ari pro jeung kontra mah pasti aya wae atuh nanaon oge, nya hal pro-kontra ieu anu ngajadikeun ely evalita jadi kakoncara. Ayeuna mah kumaha urangna wae atuh, naha deuk ngagugulukeun "nga Pop keun" batur atawa deuk ngamajukeun langkah bangsa babarengan ... mangga diemut urang wijaksana tur ulah pundungan, keun wae anu kitu mah ekses meureun, cokot we nu alusna. Salam, Budyana

