aya buku ngeunaan sajarah Bogor anu ngagambarkeun lebah-lebahna Pakuan
salah sahijina Pintu gerbang asup ka dayeuh Pakuan teh nya anu ayeuna jadi
Jambatan Kareta api anu aya di Jl. Bondongan (tutugan Empang).
Yayan
(bari nginget2 saha anu nginjem buku eta tapi can dibalikeun)
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sigana mah, lian ti bahan anu memang nu ajegna teu lana, nu mangaruhan
pisan teh hawa lingkungan. Di wewengkon nu hawana tropis & lembab jiga di urang
mah, bahan alam teh gampang pisan ruksakna. Sunda pra-Cirebon/Banten teh umurna
geus meh lima abad, mangkaning ceuk beja, karaton di Pakuan teh diduruk. Jadi
dina ayana ge, sigana geus ruksak pisan. Aya cenah pituduh, yen basa ekspedisi
Walanda ka Bogor kira saabad sanggeus Pakuan ditinggalkeun teh aya keneh
pasesaanana. tapi duka tah di mana perenahna jeung kumaha bungkeuleukanana, can
kungsi mireng beja kungsi ditalungtik...
---------------------------------X dipangneukteukkeun k#5