Kuring terus terang, katuangan sunda nu asli jeung nu dimodernisasi, raos keneh
nu dimodernisasi. Contona bajigur, aslina teu disusuan, cobian geura bajigur
disusuan, langkung raos, pelem. Kuring yakin mun hayang katuangan sunda payu di
masarakat, ulah keukeuh hayang nyieun nu asli, tapi kudu modernisasi sangkan
bisa bersaing jeung inuman soda. Surabi mun disusuan oge raos, tambihan rasa
buah buahan asli (lain essence), surabi rasa nangka, surabi coklat, surabi
pandan jrrd. Salian ri rasa, tuangeun hoyong bergengsi? bungkus oge kedah
diperhatoskeun, ulah ku bungkus koran, dikemas sing sae. Mudah mudahan tiasa
ningkatkeun citra katuangan Sunda.
Kang Santosa
Temmy Subrata <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
punten ah ka sadayana......
bade naroskeun yeuh tempat-tempat nu masih keneh icalan tuangeun khas
sunda....
pami tiasa mah nu asli keneh, nu teu acan di-modernisasi-keun, sapertos
surabi enhaii....
insya allah bade ngadamel pilem dokumenter nu bade ngangkat sadayana tuangeun
khas sunda.....
latar belakangna mah pedah ayeuna rada hariwang, barudak teh langkung terang
burger tibatan awug...
langkung terang minuman soda tibatan bajigur ( padahal minuman soda teh tiasa
ngakibatkeun osteoporosis sanes ???? )....
tah upami dipasihan kasempetan ngalaksanakeun niatan ieu, sugan we minimal
pilem2 ieu teh tiasa
jadi dokumentasi jang anak incu abdi engke (amiiieeennnnnnnn.......tapi jeung
saha ieu teh ??? ) yen sunda teh
gaduh sababaraha hiji tuangeun khas nu langkung raos sareng sehat tibatan
tuangeun fast food....da gening,
sigana ayeuna teh makin jarang wae nu icalan tuangeun sunda teh...sanes kitu
????
tah upami usul mah, engke pami aya kagiatan HBH teh, atos we sadaya katuangan
nu disayagikeun teh
katuangan khas sunda ???? atanapi emang biasana khas sunda ??? punten ah da
bdi mah anyar....
salam...
Temmy Subrata
[EMAIL PROTECTED]
http://web.mac.com/cucuklauk/
mobile. 081511384045
---------------------------------
Looking for earth-friendly autos?
Browse Top Cars by "Green Rating" at Yahoo! Autos' Green Center.