Baraya tangtuna apal kana kecap "kudéta", mun teu salah mah tina basa
prancis "kop nu eta", eh... "coup d' etat". Dina basa Sunda, nu kapanggih
pikeun ieu istilah nyaéta "dijungkat", aya dina naskah Carita Parahiyangan.
Di handap ieu petikanana, nyaritakeun Sang Séna putra Rahiyangtang
Mandiminyak nu direbut kakawasaanana ku Rahiyang Purbasora putra Rahiyang
Sempakwaja.

.............
Na Rahiyangtang Mandiminyak disilihan ku Sang Séna. Lawasniya ratu tujuh
tahun, disilih-jungkat ku Rahiyang Purbasora. Na Sang Séna diintarkeun ka
Gunung Marapi, diseuweu Rakéyan Jambri.

Ageung sakamantrian, lunga ka Rahiyangtang Kedul, ka Denuh, ménta
dibunikeun.
Carék Rahiyangtang Kedul, "Putu aing mumul kapangkukan ku siya, sugan siya
kanyahoan ku ti Galuh. Leumpang siya husir Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang
Pandawa ring Kuningan, deung anak saha tu siya?"
Carék Rakéyan Jambri, "Aing anak Rahiyang Sang Séna. Dijungkat, diintarkeun
ku Rahiyang Purbasora."
...........

--
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke