50 UE, VISI 2030 Jeung Kasundaan Bag.2

Dina raraga mikir global tapi aksi lokal, kuring
ngajukeun sababaraha pamikiran, hasil ngompilasi 
kajadian sababaraha waktu anyar-anyar ieu. Bahan
dasarna mah tina warta di koran Kompas minggu kamari.
Jadi lamun aya data atawa informasi anu salah,
estuning eta mah kasalahan ti pihak kuring, anu masih
“cetek” keneh dina nganalisa jeung nyokot hiji
infomrasi ti salah sahiji sumber. Disuhunkeun saran
sareng kritikna kana seratan di handap. hatur nuhun.

Kataji ku perkembangan Uni Eropa (UE), anu ngadeg dina
 25 Maret 1957, waktu dijieun Traktat Roma (harita
ngaranna masih Masyarakat Ekonomi Eropa), dimana
nagara anu nanda tangan eta traktat teh nyaeta Jerman,
Belgia, Italia, Luksemburg jeung Walanda. Kiwari para
anggota  UE geus jadi 27 nagara. Katingali eta
organisasi teh lain sakadar kumpulan para elit
politik, tapi oge dirasakeun ku sakabeh rahayat
anggota UE,  dina hal liberalisasi ekonomi, geus
ningkatkeun darajat kasejahteraan jeung naekkeun
standar hirup urang Eropa. Didieu jigana Turki anu
sabagean gede wewengkonna aya di Asia, hayang asup
(tapi can ditarima, ceuk cenah mah kusabab rakyat
Turki  kalolobaanana ngagem agama Islam, ari Eropa pan
katolik jeung Protestan, rada-rada rasialis nya!) jadi
anggota UE. Teu heran atuh, da jiga dina soal
pergaulan, lamun urang ngahiji jeung jalma-jamla bodo
atawa miskin, bisa kabawakeun bodo jeung miskin. Tapi
sabalikna lamun ngahiji jeung jalma jegud, kabawakeun
jadi jalma jegud. (ieu mah sakadar conto wae, nagara
ASEAN pan aya Myanmar, anu militeris jeung otoriter
tea, atuh puguh wae bisa jadi contoh pikeun militer
Thailand pikeun ngawasa nagara sacara militeristik.
Ieu mah sakadar conto heureuy, punten ah, ka para
pangawasa nagara Thailand).

Lamun urang ningali sajarahna Eropa, anu baheula
(sababaraha nagara) boga tradisi jiwa  ekspansionis
(ngajajah tea),ngembangkeun eksplorasi pamikiranana
jeung eksplorasi dina ngolah alam, anu ahirna
ngalahirkeun revolusi industri. Atuh dina segi
“pemikiran” kanagaraan, pan baheula kakawasaan gereja
(katolik) oge bisa nangtukeun kakawasaan nagara, anu
ahirna lahir pamikiran John Locke, Rousseau jeung nu 
sejenna. Dina hal kaagamaan pan aya aliran Lutherian
(protestantisme) anu  ngalawan dominasi gereja ka
nagara. Leuwih jauh deui lahir aliran Calvinisme, anu
mangaruhan dina widang individualisme jeung
lebertarianisme. Atuh Perang dunya kahiji mucunghul
mimitina ti Eropa. Nya kitu deui, perang dunya kadua,
kalolobaanana anu jadi korban teh bangsa-bangsa anu
cicing di Eropa (kaasup bangsa Yahudi?)
Sok sanajan masih jadi perdebatan faktor naon anu boga
pangaruh kana kamajuan, ceuk kuring mah, jigana naon
anu didongengkeun di luhur teh, mangaruhan kana
perkembanan UE ayeuna, jadi salah sahiji beungkeutan 
kana jati diri bangsa-bangsa Eropa.

Baktos,

mrachmatrawyani




 
____________________________________________________________________________________
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396546091

Kirim email ke