Maca Balebat No.2 Maret 2007, aya istilah pabangbon, ceuk Balebat numutkeun urang Nanggung hartina pabangbon rungkun awi nu aya di pasir nu jadi tempat nyimpen cai (tadah hujan/ resapan air). Neangan kecap pabangbon dina sababaraha kamus Sunda teu kapanggih ( kamus Sunda-Inggris/ Rigg/1862, kamus Sunda-Belanda/Eringha/1984, kamus Sunda-Sunda/Danadibrata/2006, kamus Sunda-Sunda/Sacadibrata/1944, kamus Sunda-Sunda/LBSS/1992, kamus Sunda-Inggris/Hardjadibrata/2003), padahal eta kamus teh kaasup kamus babon, kamus nu dianggap panglengkepna keur basa Sunda nu aya dina mangsa kiwari. Pabangbon bisa jadi kecap asalna bangbu robahan tina bambu ( robahan ieu aya dina kecap bangban atawa bamban, ngaran hiji tangkal), sedengkeun pa lamun dikantetkeun jeung ngaran barang jadi patempatan, contona Palimanan, liman hartina gajah, Palimanan tempat gajah, pabukon tina pabukuan hartina tempat buku (perpustakaan), pakuwon- pakuwuan, tempat kuwu. Jadi pabangbon hartina tempat rungkun awi robahan tina pabangbuan atawa pabambuan, sedengkeun bangbu basa wewengkon Tangerang nu hartina awi ( tina kamus Sunda-Sunda/Danadibrata/2006). Kuring satuju pisan lamun ieu istilah dipake pikeun "daerah resapan air" water catcher area tea. Dina Balebat nu bulan Maret, eusina aya Carpon karangan bah Willy, carpon karangan Kang Ya van Seoul, Carnyam karangan Ceu Olis (Holisoh ME, inget waktu kuring ka Solokan Jeruk dina acara PPSS sawala jeung guru basa Sunda, ceuk ceu Olis, ME teh singgetan tina Mojang Elodan sok sanajan ayeuna mah geus lain mojang deui lantaran geus loba anak, tapi ME tetep we napel da geus jadi merk dagang....!!) Tulisan sejen, loba nu munel.
MSasmita

