mang jamal, sigana mah karaton sunda mah jiga imah panggung tina kai ceuk
implengan mah, margi saurna pan urang sunda mah nganut budaya huma alias
'peladang' tea kade sanes tukang laladang atanapi ngaladangan siga urang
peuntas alias luar jawa da urang sunda mah wawuh jeung sawah teh saatos direreh
mataram pan... sok sanaos nyawahna ayeuna langkung sae tibatan wong jawi... he2
da tanahna subur tea... ngan ayeuna we tos loba nu ruksak da leuweung2na bongan
dibukbak... tah bade dimana karaton na teh mang bade di damel?... jiga bupati
kutai ngawangun karaton kutai tea kitu? tapi jadi di penjara we... geuning...
eh masih disidang nya teu acan dipenjara (pa syaukani tea geuning) .... eh pan
saur mang jamal teh mung ngadamel 'replika nya' eh ari replika teh naon mang?
tiruan tea kitu atanapi maket atanapi nanahaon nya he2... waragad mah urunan we
atuh mang... perelek tea geuning.... der ah..
baktosna,
dmar
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Di museum viking di holmbaek, aya replika kapal viking, salian ti artefak
nu kapanggih ti hiji fjord.
Di museum sribaduga aya replika batu tulis ti kawali oge bogor.
Kamari2 aya bule nekad, ngadamel parahu nu gambarna aya dina dingding candi
borobdur.
Tah, sigana urang oge tiasa mun kaduga waragadna jeung upaya. Nyieun replika
kraton karajaan sunda.
Tapi tangtu kudu miceun heula memori dina sirah urang perkawis istana
karaton. Sanes kastil siga di eropa atawa di istana boneka dufan. Hehe
Kedah dipaluruh tina naskah antik, sugan aya gambaran rada eces,
dikumpulkeun. Digambar.
Tapi konteksna kudu disaluyukeun jeung waktuna. Agreng abad ka 15 beda jeung
agreng ayeuna. Utamana di urang, nu majuna beh dieu sanggeus mangsa
kolonial.
Siga parabot, di urang teu kacaturkeun aya parabot. Ampir Sadaya model nu
aya pangaruh eropa.
Tos heula
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com