sim kuring teh hoyong ngiringan ulubiung dina ieu pasamoan, mung hanjakal
waktosna dina jam damel, janten teu tiasa. padahal mah, waktos sasih maret, sim
kuring masih ngontrak di gg. kancra, cakeut pisan ti gg. nilem, mung kedah
mapah 273, 5 lengkah.
kumaha atuh, pami waktosna di luar jam damel mah, magrib contona, sim kuring
bade ulubiung ngiringan sareng pun bojo.
hatur nuhun
----- Original Message -----
From: AA misan
To: urang sunda
Sent: Thursday, March 29, 2007 6:14 PM
Subject: [Urang Sunda] Hoyong fasih basa Inggris ? Come to Nilem V / 2A !
Assalamu'alaikum Wr Wb..........
Ieu mah etang-etang manjangkeun babarayaan-duduluran-
silaturahim baraya Kusnet nu kaleresan aya waktos, yu atuh
urang 'kopdar' ku basa Inggris di
Nilem V / 2A
Rebo sareng Jumaah (dua dinten)
10.oo - 11.3o AM
Insyaallah dijamin bakal fasih-norolang-cascescos dina ieu
basa deungeun (Inggris) upami baraya kersa janten anggota
satia. Perkawis teori atanapi grammar mah mangga diajar ku
nyalira . Ti SMP-SMA-Paguron luhur urang sadayana tos bosen
alias olab ngagugulung tatabahasa Inggris. Na iraha oge dimana
atuh speaking English-na ? Mangga sumping ka Nilem .
Haratis-No Pay-Teu kedah Mayar-Free of charge .
Diantos .
Wasalam
Misan .
----------------------------------------------------------------------------
TV dinner still cooling?
Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.