ta(ng)geran Labuhan Ratu.
     Ti kaler alas Panyawung,
     ta(ng)geran na alas Wa(n)ten.
1245  Itu ta na gunung (.. .)ler,
     ta(ng)geran alas Pamekser,
     nu awas ka Ta(n)jak Barat.
     Itu ta pulo Sanghiang,
     heuleut-heuleut nusa Lampung,
1250  Ti timur pulo Tampurung,
     ti barat pulo Rakata,
     gunung di tengah sagara.
     Itu ta gunung J(e)reding,
     ta(ng)geran na alas Mirah,
1255  ti barat na lengkong Gowong.
     Itu ta gunung Sudara,
     na gunung Guha Ba(n)tayan,
     tanggeran na Hujung Kulan,
     ti barat bukit Cawiri.
1260  Itu ta na gunung Raksa,
     gunung Sri Mahapawitra,
     ta(ng)geran na Panahitan,
     ti wetan na Suka Darma,
     ti barat na gunung Manik.
1265  Awas ka nusa Kambangan,
     nusa Layaran .........
     nusa Di/lih nusa Bini,  /23r/
     nusa Keling nusa Jambri,
     nusa Cina Ja(m)budipa,
1270  nusa Gedah deung Malaka,
     nusa Ba(n)dan Ta(n)ju(ng)pura, Sakampung deung nusa Lampung,
     nusa Baluk nusa Buwun,
     nusa Cempa Baniaga,
1275  Langkabo deung nusa Solot,
     nusa Parayaman. //O//
     Beuteung bogoh ku sakitu, saa(ng)geusing milang gunung, saleu(m)pang
ti Pane(n)joan,
1280  sacu(n)duk ka gunung Se(m)bung, era hulu na Citarum,
     di inya aing ditapa,
     sa(m)bian ngeureunan palay.
     Tehering puja nyangraha,
1285  puja (nya)pu mugu-mugu.
     Tehering na(n)jeurkeun li(ng)ga,
     tehering nyian hareca,
     teher nyian sakakala.
     Ini tu(n)jukeun sakalih,
1290  tu(n)jukeun ku na pa(n)deuri,
     maring aing pa(n)teg hanca.
     A(ng)geus aing puja nyapu,
     linyih beunang aing nyapu,
      [ms. linyeh]              .
     ku/macacang diburuan, /23v/
1295  nguliling asup ka wangun,
     ngadungkuk di palu(ng)guhan,
     disiwi teher samadi. [ms. dibiwi]
     Ku ngaing dirarasakeun,
     ku ngaing dititineungkeun,
1300  beunang aing adu angka,
     nu mangka kasorang tineung.
     Ku ngaing dipajar inya
     langgeng tita deung purusa,
     nya mana kasorang tineung.
1305  Kena kitu nu ti heula,
     guna sang mahapandita,
     nu bisa mu(n)cakan tapa,
     milih miji di sarira,
     ngawastu rasa wisesa,
1310  nurutkeun sakaja(n)tenna,
     ha(n)teu kabawa ku warna,
     atos ward alot rasa,
     laksana mahapurusa,
     nya mana pam(i)yaktaan. [ms. nyu}
1315  A(ng)geus ngudian sarira,
     rakaki Bujangga Manik
     ngaler ngidul marat nimur,
     di tengah kapala cakra,
     nyiar pigeusaneun matuh,
1320  nyiar lemah pamutian,
     nyiar cai / pamorocoan,  /24r/
     pigeusaneun aing paeh,
     pigeusaneun nu(n)da raga.
     Di (i)nya aing teu heubeui,
1325  satahun deung sataraban.
     Meding katepi ku are,
     datang nu ti lala(n)deuhan,
     Meding waya na bancana.
     Sadiri aing ta inya,
1330  leu(m)pang aing ngaler barat.
     Tehering milangan gunung:
     itu ta bukit Karesi,
     itu ta bukit Langlayang,

--
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke