Teh Ika,
Kamari oge, 25 Maret 2007, aya urang Sulawesi, sodagar(pengusaha) rupina mah,
katinggalna "panasaran" pisan kana sajarah Sunda. Saur anjeuna, leuwih
satengahna dunya diaprak tapi rada "antik" cenah Sunda mah. Naha Gus Dur tepika
datang jarah ka daerah Ciamis sagala, keur anjeuna mah meureun nambah
kapanasaran.
Upami urang Makasar leuwih resep US nu jadi presiden, rupina mah saluyu
sareng pamadegan Bung Hatta, anu aya dina buka kagungan pa Tjetje Padmadinata
"Setengah Abad Perlawanan", upami teu lepat mah.
Keur soranganeun mah, harewos-harewos bojong sapertos kieu teh beuki
ngandelan pamadegan wirehna sajarah atanapi naskah anu kapendak ti Cirebon teh
seueur "leres"na. Anu gurat badagna dina buku-buku Mang Saleh, Mang Ayat sareng
Mang Edi mah nu katangkep mah nagara nu pangkolotna di Indonesia teh
Salakanagara. Punten, ieu mah pamadegan subyektif pisan.
porenges
ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kamari, 29 Maret 2007, aya acara workshop perencanaan jeung
penganggaran di Sheraton, Surabaya. Nu boga hajat LGSP-local government support
program nu didukung ku USAID. Tepang jeung Kang Engkus Ruswana (konsultan
LGSP), oge US lainna : konsultan lingkungan LGSP, padamel Bappenas 2-an, oge
aya dosen (Kang Dede Mariana), sareng PNS ti Bappeda Sukabumi. Ngariung sameja,
jadi ngobrolkeun Sunda jeung kasundaan. Ngabandungan Kang Engkus, nyaritakeun
kumaha hebatna Tatar Sunda, tempat manusa pertama (Adam) diturunkeun, tempat nu
pangendahna sadunya, nu digambarkeun jiga sawarga. Tempat asal mula peradaban.
Tina obrolan ngaler ngidul, nu ngariung jadi sepakat, kumaha mun Kang Engkus,
nyalon jadi Gubernur Jawa Barat 2008? Ah, can mangsana cenah. Ceuk kuring, teu
kudu nungguan mangsana, ayeuna wae 2008, hahaha....pan geus huisan, geus pantes.
Peutingna ngariung deui jeung urang Makassar, cenah urang Makassar mah satuju
keneh US nu jadi Presiden, hahaha....ti baheula geus aya hubungan batin antara
Makassar jeung US mah. Soalna manehna oge teu yakin lamun JK nyalon bakal
meunang.
Oge aya heureuy rek ngabentuk GSM (gerakan sunda merdeka) nya ieu mah gerakan
wae, sugan jiga anggota GAM, geus MoU di Helsinki jadi meunang duit Rp. 3 juta
perak saurang sabulan salila 6 bulan, oge meunang tanah, hehehe.....
Tos ah ngacapruk wae, bade beberes heula rek balik deui ka Bandung.
Baktos,
-ika-
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.