kang Emod, ari adas teh naon? milari di kamus ge lebeng teu katimu.....
  aya hubunganana jeung adas pulosari teu?
  

Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Dilembur kuring mah (Majalengka)
  Mumuluk = sasarap = sarapan = dahar kejo, bisi salatri 
  Nyaneut = nyianeut =ngopi, cai teh amis, bala-bala, rarawuan, gemblong, 
jalabria, cuhcur, kalua kacang/kalapa, adas, opak, tangtang angin, awwuuuuug, 
jrrd
   
  Emod,

Suteja Amijaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        Tadi isuk kabeneran bisa nyimpang heula ka daerah 'pinggiran' jababeka 
tempat gawe kuring. Loba tukang dagang nu kapaksa malinggir ka dinya da teu 
meunang ari dagang di tengah-tengah kawasan mah.
   
  Sarupaning kadaharan aya di dinya. Bubur (dipurukan daging) hayam, bubur 
kacang hejo, roti, bala-bala sabalad-balad, sangu wuduk lan sangu koneng. 
pat-say kupat sayur, galon gado-gado lontong (padahal mah lotek asak), ketoprak 
humor, jsb jrrd. 
   
  Bari ngahuleng barieukeun, ras inget kabiasaan di lembur ngeunaan dahar 
isuk-isuk. Jadi hayang nanyakeun ka baraya Kusnet naha bener teu ingetan kuring 
di handap ieu :
   
  1.Dahar kezo = sasarap.
  2.Nguyup kopi panas (jeung roti bun haw tea) = nyaneut
  3.Ngopi bangsaning goreng ulen (ditambah sambel oncom pedo) = mumuluk 
   
  Terus, naha aya pakaitna jeung budaya hirup US ? Pedah, rarasaan pikeun nu 
biasa gawe beurat mah sasarap teh kudu. Pan aya babasan "lain pagawean memeh 
sasarap". Terus, lamun bangsana menak, ehnar jsb cukup we ku mumuluk. Tukang 
usaha subuh-subuh tuturubun mah cukup we ku nyaneut. 
  Tapi jang nu ngabedug di sawah mah sasarapna teh wanci pecat sawed, jam 9an 
mun teu salah mah.
   
  Tah manawi aya baraya nu sok nengetan bedana nyarap & mumulukna urang sunda 
versus brekfast & coffebreakna urang kulon? Terus, naha bener aya pakaitna 
jeung budaya gawe katut budaya hirup sapopoe?
   
  Cag heula, kaburu torojol semah baladna kang Ipay ti Sunter.
   
   
  Baktos,
   
  Teja
   
  





  Elmu tungtut dunya siar, 
  hade turut goreng singlar, 
  mun korupsi burut siah..!!! 
   
   
    
---------------------------------
  Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/  

         

                
---------------------------------
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik terhadap spam. 
 http://id.mail.yahoo.com/

Kirim email ke