kicimpring? goreng parud sampeu nu ditarasian kitu? hehe di imah kuring ge baheula mah aya. indung sok nyieunan, kuring sok ngilu mantuan... mun teu salah resepna teh kieu:
parud kalapa bungbuna: katuncar sing loba, bawang uyah gula tarasi (ieu mah selera asana) jeung daun bawang parud kalapa jeung bungbu digalokeun, terus diemple-emple. baheula mah sok dina tonggong piring seng. ngarah aya motipan dibabukan ku garpuh. terus disepan jeung piring-piringna. geus asak, laan tina tonggong piring amparkeun dina ayakan paranti moe opak. poe sina garing. terus goreng. trus asak asupkeun kana keler. -- lamun rangining mah can pernah ningali nyieunna. ngan tagogna (bentuk) ciples jeung ranginang. buleud kandel. rasana mah leuwih deukeut ka rasa kurupuk aci... dh On 4/2/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rangginang, Raginang, Ranginang, Rengginang... eta-eta keneh. Kumaha wewengkona we. anu tina sampeu mah, sabangsaning KIKI-ripikan. di wewengkon kuningan mah disebutna Kicimpring, atawa Gemblong. naon bedana Ucing jeung Ucring..? ari Ucing disadana : Meoooong.. ari Ucring mah disadana : Mrrreeeeong... heu heu, bae teu nyambung ge. dihaja.. -dul- tukangteuing --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ranginang tina ketan, rangining mah (mun teu salah) tina sampeu. > rengginang? indonesiana ranginang heuheu... meureun! > > dh > ___
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

