heu heu heu



-dul-


--- In [email protected], "Iwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> Budak : "Ya Alloh, mugia pun biang, bapa, sareng nini dipaparin
> kasalametan.  Mugia pun aki ditampi di sisi Anjeun?"
> Bapa : "Naha bet ngomong kitu budak téh? Pan Akina hirup kénéh?"
> Isukna si Aki maot. Bapana ngahuleng.
> 
> Saminggu ti harita:
> Budak : "Ya Alloh, mugia pun biang sareng bapa dipaparin 
kasalametan.
> Mugia pun nini ditampi di sisi Anjeun?"
> Isukna si Aki maot. Bapana hémeng, "ieu budak bisa komunikasi 
jeung alam
> gaib" pikirna.
> 
> Sabulan ti harita:
> Budak : "Ya Alloh, mugia pun biang dipaparin kasalametan.  Mugia 
pun
> bapa ditampi di sisi Anjeun?"
> Atuh kontan bapana langsung teu bisa saré.
> Isukna digawé bari pikiran teu pararuguh.
> Datang soré, teu balik, hayoh mikiran omongan budak, ngajejentul di
> kantor tepi ka peuting.
> Liwat tengah peuting, ngoréjat, "aéh, geuning aing hirup kénéh"
> Tuluy buru-buru balik.
> 
> Tepi ka imah, ramé jelema, pamajikanana hariweusweus,
> "Ari si bapa tas ti mana, teu biasana lembur dugi ka wayah kieu?"
> "Aya naon kitu ieu teh?"
> "Itu si mang Duyéh, tadi keur bébérés di kebon, ngadadak maot!"
> 
> Atuh si bapa ngahuleng deui.
> 
> 
> Iwan.
>


Kirim email ke