Kang, eta mah falsafah urang Padang hususna sanes urang Malayu umumna. Anu 
katingali ku sim kuring, urang Padang seueur anu pageuh nyepeng eta falsafah; 
upami di tatar Sunda aranjeunna tiasa basa Sunda malah seueur anu laki-rabi 
sareng urang Sunda.

Pun Asep

netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Saur abdi mah, justru ku ayana Pengajaran Basa Sunda teh, Para pendatang jadi 
kersa diajar Basa Sunda. Pan saur papagah Melayu ge, Di mana tanah dipijak 
disitulah langit dijunjung. Maenya atuh mangtaun2 di Tatar Sunda alim pisan 
Belajar Basa Sunda teh. Punten sanes rasis yeuh,,, ^_^
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
                             Baraya...
 ku babaturan, ku tatangga, atawa ku babaturanana tatangga, uing sok 
 dipentaan tulung mapatahan anakna ngerjakeun P/R Basa Sunda.
 
 Di Depok/Bekasi, di sakola pamarentah atawa di sakola Swasta 
  sihoreng aya deui pangajaran Basa Sunda teh. Da harita mah kungsi 
 dileungitkeun. Kuayana hal eta, ieu jadi hiji lolongkrang pikeun 
 muka usaha keurseus Basa Sunda pikeun barudak SD.
 
 Mun kolotna urang Sunda mah, rada bisa mapatahan anakna. 
 Tapi loba oge nu teu bisaeun. 
 Komo deui mun seug kolotna teh urang Jawa, urang Batak, urang Padang 
 atawa urang aring ? Sedengkeun barudakna sakola di wewengkon anu 
 aya pangajaran Basa Sunda. 
 
 Cik baraya...aya ideu ?
 
 -dul-
 tukangteuing
 
 
     
            
   

---------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
 Try the free Yahoo! Mail Beta.
     
                       

 
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke