hese nya. hehe. sabab urang keur diajar modern, tapi lingkungan sawareh henteu atawa masih di alamna nu pra-modern. ciri sifat modern teh eta, disiplin, kaasup tepat waktu on time tea.
sangkan teu lieur, wawuhan heula adat suradat urang, sangkan teu lieur, urangna oge kudu disetel salaku bagean ti adat eta. hehe. pikeun urusan dines mah ulah make adat, tapi make cara dines. basa nulis wajah lain orang sunda, apal tina buku jeung tulisan batur, yen urang teh baheula bangsa ngahuma-peladang berpindah tea meureun. sigana watek kitu nyiptakeun adat federalis atawa indvidualis, jsb. teu perlu dihanjakalan da geus kitu ayana. nu perlu mah ngarakayasa sangkan naon nu rek dijieun saluyu jeung model eta, supaya lancar. dina buku Komunikasi Antar Budaya beunang Prof. Dr.Deddy Mulyana-pakar komunikasi ti unpad, aya katerangan ngeunaan konsep waktu di sababaraha tempat kaasup di endonesya. kaasup jam karet tea. soalna lain di salah atawa bener, salah sih mun tioong make kacamata modern mah. tapi da adat suradat tea, rada hese dipermak. kakurung ku iga tea. dina buku eta, aya konsep waktu di urang nu cenah mah relatif tea. jadi teu aya angka saklek dina nunjuk waktu sanajan -dina acara dines- geus lila oge aya. matak dina janji oge make jurus masrahkaeun ka pangeran ku kecap Insya Alloh tea. ti pihak panitia nu ngarti adat urang kitu, jadwal acara dina ondangan sok dipajukan sajam atawa satengah jam. siga acara ngawitan jam 7. padahal nu benerna mah jam 8. sajam eta waktu pikeun ngawadahan adat urang nu nempo waktu relatif alis jam karet tea. konsep waktu relatif teu ngan ukur dina soal janji acara, tapi oge napel kana jadwal sagala rupa. kareta, kapal, jeung sajabana. hehe. tapi keukeuh we datang ka stasiun atawa bandara mah ulah telat ti jadwal. da konsep waktu relatif eta, dina urusan jadwal, sifatna relatif oge alias kadang2. heuheu geus ah da ngan ukur waduls ----------- Ass Baraya, salaku Urang Sunda, hayang pisan mun wangunan jaringan sosial kuring oge nancep di Bangsa Sunda. Ti mimiti ekonomi, sumanget budaya, atawa nu lainna. Kunaon? Lain narsis, sabab kuring nyaah pisan kana kasundaan. Tapi, ku naon nya, dina marengan ieu kahirupan, US anu jadi batur kuring teh bet boga laku anu kadang-kadang matak pikaheraneun. Conto masalah jangji. Kadang, mun kuring ngarencanakeun hiji acara, atawa diondang kudu hadir dina hiji acara, kabiasaan sumping telat teh mani jadi ciri. Nya,kuring gede hate we. Saribuk pisan meureun, teu siga kuring anu loba panganggurana. mj http://geocities.com/mangjamal

