Kulantaran sim kuring mah gerak dina kasundaan teh ngan saukur jadi tukang 
buku, anu langsung karaos teh buku naon nu janten referensina, raraosan asa can 
mendak buku anu togmol nyebatkeun falsafah Sunda.
Mung kanggo referensi mah tiasa janten acuan buku kenging Abah Surya (Drs HR 
Hidayat Suryalaga) nyaeta buku Kasundaan Rawayan Jati/ Wahana Raksa Sunda/2003, 
anu museur kana "mulih ka jati mulang ka asal "
Urang rada ngawahan heula, dina taun 1939 pamarentah Belanda nugaskeun Prof 
Brugmans pikeun ngayakeun panalungtikan pikeun ngadegna Fakusltas Sastra di 
Jakarta ( di Ui ayeuna panginten) aya saran ti Prof Brugmans dinatarana sangkan 
diajarkeun filsapat barat kusabab di Indonesia mah teu aya filsafat asli 
Indonesia ( harti Indonesia bisa bae seler anu dianggap ageung, upamana Jawa)
Pamendak Burgmans ditanggapi ku Dr Zoetmulder dina majalah Jawa bundel 1941 
kaca 355.anu judulna Geen eigen Wijsbegeerte..?( Tidak ada filsafat sendiri?), 
upami filsafat dihartikeun : "Suatu pencarian dengan kekuatan sendiri tentang 
hakekat segala wujud (fenomena) yang bersifat mendalam dan mendasar"
kuduna hal kitu teh aya.
Katingalna ti harita dunya filsafat lokal ngamimitianana, sok sanajan 
kadieunakeun leuwih condong kana filsafat "barat" tea. Tug dugi ka ayeuna 
filsafat lokal (Sunda) ge teu acan pareng aya nu langkung jero naklungtikna. 
Aya beja aya mahasiswa S3 nu keur diajar ayeuna nu ngocal-ngocal bade nalungtik 
perkara ieu, duka tah tos dugi kamana....
Ari buku buku nu mung fragmentaris ngabahas mah sok aya, tapi mung cekap ku 
sakalimat dua kalimat, utamana ngeunaan kearifan lokal, contona dina buku buku 
paribasa Sunda, paribasa aya nu pakait sareng sasama manusa, aya paribasa nu 
pakait sareng alam, aya paribasa nu pakait sareng Maha Pencipta jste, atuh kitu 
deui kacapangan hirup jeung huripna, hirup sapuratina.
Mangga aos heula we buku Abah Surya diluhur.
Seueur keneh buku buku nu kedah dibaca, atuh seueur keneh hal hal ngeunaan 
Sunda anu kudu dibukukeun.

MSasmita
tukang ngajejer-jejer buku.


----- Original Message ----- 
From: "Niskala Senja" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Wednesday, April 04, 2007 11:15 PM
Subject: Balasan: Re: [Urang Sunda] TANGTUNG SUNDA BUANA


> Hatur nuhun...Uwa,ngunduh bungah nu teu aya bandingna.
> punteun paralun...lain simkuring rek wawanian,mung
> hoyong leuwih jentre deui kakaitanana jeung kasundaan.
> kumaha upami ditingali dina falsapah kasundaan?
> 
> Kalla S
> --- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Ceuk kamus Sunda-Sunda LBSS (citakan ka 9 taun 1995)
> > :
> > Hirup : nyawaan ( jalma atawa sato)
> > Hurip : seger, kaciri yen sehat; hirup kalawan
> > hurip, hirup tur sehat, jagjag waringkas lantaran
> > sagala kaperluan hirup kacumponan.
> > 
> > Ceuk kamus Sunda-Sunda Danadibrata (taun 1944) :
> > Hirup : boga keneh nyawa.
> > Hurip : waras lahir jeung waras batin, mulus taya
> > kuciwana.
> > 
> > Ceuk kamus Sunda-Sunda Sacadibrata (disusun antara
> > taun 1930-1970) :
> > Hirup : sabalikna tina paeh
> > Hurip : hirup tur jagjag waringkas.
> > 
> > Ceuk kamus Sunda-Inggris Hardjadibrata (2003) :
> > Hirup : live.
> > Hurip : full of vitality, vital, fresh,stand lively,
> > grow well
> > 
> > Mangga nyanggakeun panafsiranana, lamun ningali kana
> > taun medalna eta kamus, rada katingal aya pergeseran
> > hartos utamina dina kecap hurip.
> > 
> > MSasmita
> > 
> >   ----- Original Message ----- 
> >   From: Niskala Senja 
> >   To: [email protected] 
> >   Cc: [EMAIL PROTECTED] 
> >   Sent: Wednesday, April 04, 2007 3:54 PM
> >   Subject: [Urang Sunda] TANGTUNG SUNDA BUANA
> > 
> > 
> >   Kuring rek nanya yeuh......!
> > 
> >   HIRUP jeung HURIP.
> > 
> >   dimana bedana,jeung dimana hartina?
> > 
> > 
> > 
> > 
> >   Kalla S.
> > 
> > 

Kirim email ke