uh nu kumpul teh eta deui eta deui nya? heu...heu.....mudah2an tisa ngiringan, mareuli BALEBAT nya? he...he....
On 4/5/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr. Wb. Baraya Kusnet di mana waé ayana. Dibéwarakeun, yén Kopdar Kusnet Jakarta bade ngayakeun Kopdar Kusnet anu Insya Allah bade diayakeun dina : Dinten saptu, ping 14 April 2007 Tabuh 3 sonten nepi ka réngsé. dibumina Kang Akos Kosasih : Jl. EE No.4 RT.07/RW.01, Sukabumi Utara, Kebon Jeruk, Jakarta Barat. Agénda acara : - Biasa wé, silaturahmi, ngobrol, ngopi & seuseurian... - Ngabadantenkeun sagala rupi hal anu aya pakait sareng Kukusnétan, utamina ngeunaan Halal Bihalal Kusnét 2007 Kumargi kitu, ka baraya anu salsé, anu hoyong tepang, sareng anu hoyong diaku (bari rada maksa) mangga, diantos pisan kasumpinganana, anu teu tiasa hadir, nya wayahna kedah ngusahakeun (keukeuh). Jalaran kanggo nyayogikeun sagala rupina, boh tempatna boh tuangeunana, Anu bade ngiringan, mangga ngacung atanapi konfirmasi. Anu parantos Konfirmasi, mangga ngintun Konfirmasi deui. Mugia tiasa ngamaklum. Hatur nuhun, Wassalamu'alaikum Wr. Wb. -Ndoell- Tukang wawar Enbe : Anu parantos konfirmasi diantawisna : - Kang Ikmal - Kang Irpan - Kang Yayan - Kang Runa - Kang Temmy - Kang Hasbi - Kang Taufik - Teh Imas - Teh Silvi - Teh Sania - Teh Lia Indri - Teh Mia - Teh Anna - Teh Lidya mangga nu sanesna diantos konfirmasina...
-- ::ri_1:: Hompage : http://inawan.blogspot.com http://inawan.blogs.friendster.com Mobile : +62-818-109410 www.urang-sunda.or.id. su.wikipedia.org [email protected] [EMAIL PROTECTED] urangtasik.multiply.com inawan.multiply.com

