Teu kudu dibubarkeun ceuk uing mah. Ngaran teu kudu dirubah
Sabab mun dibubarkeun atawa dirubah ngaranna karunya atuh ka mahasiswa
anu tukang neungeulan eta.
Keun weh urang urus, ngarah beuki loba anu maotna.
Da dina beuki loba anu maotna oge, pasti IPDN mah beuki atoh jeung 
beuki genjreng!

Hidup IPDN...!

cag ah!


--- In urangsunda@yahoogroups.com, Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Euleuh euleuh eta si teh Ro2 mani capetang kitu, naha ieu teh
gara-gara teu jadi praja kitu he he he. Kuring oge satuju lah
bubarkeun bae sina gabung jeung SOSPOL UNPAD pan ngeunaan elmu
kapamarentahan mah di SOSPOL oge diajar lain, cik pang nanyakeun ka
budak SOSPOL.
>    
>   WAG  
> 
> Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>             Ngiring ngadongeng ah…ngangge basa cohag we nyaa…
>    
>   Unggal ngaliwat ka Jatinangor nenjo kampus STPDN, kuring sok
kasuat-suat… 
> Inget jaman baheula basa karek lulus ti SMA, kuring jeung babaturan
sakelas hiji lalaki, hiji deui awewe dalaptar ka AKABRI Rudini (sok
disebut kitu pedah we harita nu jadi Mendagri-na Rudini keneh nu
ngusulkeun hayang disaruakeun jeung AKABRI, dilantik ku Presiden),
susuganan we meunang. Rada cangcaya oge, da babaturan kuring nu lalaki
mah anak camat, ari kuring anak kolong, pikir kuring manehna pasti
meunang… Bapa kuring ge kungsi nyaram bari ngomong,"Naaa, meuni
hayang-hayang teuing asup kadinya?" 
> "Meh gampil ngadamel KTP, Kartu Keluarga ah, pokonamah nu aya
hubungan sareng pamarentah weh…heheh…",ceuk kuring sangeunahna.
> "Mun rek asup ka hiji instansi tong beda jeung kolot da "aya jatah"
biasana asup nu kitu mah…", ceuk Bapa kuring deui.
>    
>    
>   APDN --> STPDN --> IPDN --> UPDN? Rek diganti naoooooooonnn we oge
angger ari cara ngadidik jelemana goreng mah…pasti loba deui Praja nu
bakal jadi korban. Atawa P-na geus tidituna kitu meureun?…Institut
Pembunuhan Dalam Negri. 
>    
>   Kangge abdi mah teu aya alesan 1-4….BUBARKAN!
>    
>   Punten jadi nasteung kieu…heheh. Pisssss aaaahhh….
>    
>   ro2
> prajateujadi
>    
>    
>    
>    
>    
>   >>> [EMAIL PROTECTED] 04/05/07 09:06AM >>>
> 
>   IPDN dengan sukses menewaskan kembali prajanya.
>    
>   Mun ceuk uing mah alusna IPDN teh dibubarkeun wae.
>    kahiji : 
>   kadua :
>   katilu :
>  kaopat :
>   
> 
>          
> 
>  Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com
>


Kirim email ke