Kang Ndoel uing mah pek wakilan we lah... Hayangna mah hayang miluan, ngan beurat diongkos euy hihihihih!
Salam we ka kabehan. --- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamu'alaikum Wr. Wb. > > Baraya Kusnet di mana waé ayana. > Dibéwarakeun, yén Kopdar Kusnet Jakarta bade ngayakeun > Kopdar Kusnet anu Insya Allah bade diayakeun dina : > > Dinten saptu, ping 14 April 2007 > Tabuh 3 sonten nepi ka réngsé. > dibumina Kang Akos Kosasih : > Jl. EE No.4 RT.07/RW.01, Sukabumi Utara, > Kebon Jeruk, Jakarta Barat. > > Agénda acara : > - Biasa wé, silaturahmi, ngobrol, ngopi & seuseurian... > - Ngabadantenkeun sagala rupi hal anu aya pakait sareng > Kukusnétan, utamina ngeunaan Halal Bihalal Kusnét 2007 > > Kumargi kitu, ka baraya anu salsé, anu hoyong tepang, > sareng anu hoyong diaku (bari rada maksa) mangga, diantos > pisan kasumpinganana, anu teu tiasa hadir, nya wayahna kedah > ngusahakeun (keukeuh). > > Jalaran kanggo nyayogikeun sagala rupina, boh tempatna boh > tuangeunana, Anu bade ngiringan, mangga ngacung atanapi konfirmasi. > > Anu parantos Konfirmasi, mangga ngintun Konfirmasi deui. > Mugia tiasa ngamaklum. > > > Hatur nuhun, > Wassalamu'alaikum Wr. Wb. > > > -Ndoell- > Tukang wawar > > > Enbe : > Anu parantos konfirmasi diantawisna : > - Kang Ikmal > - Kang Irpan > - Kang Yayan > - Kang Runa > - Kang Temmy > - Kang Hasbi > - Kang Taufik > - Teh Imas > - Teh Silvi > - Teh Sania > - Teh Lia Indri > - Teh Mia > - Teh Anna > - Teh Lidya > > mangga nu sanesna diantos konfirmasina... >

